Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh
MUQADIMAH
Nu dipihormat
Kersana Sohibul Hajat kalih sadaya kulawargi
Nu dipihormat
Para ‘alim ulama miwah para tokoh masyarakat
Nu dipihormat
para sepuh pini sepuh kalih hadirin anu dimulyakeun ku Allah
Puji Syukur
urang sami-sami sanggakeun ka Allah SWT, rehna kalayan Qudrot miwah Irodat
Manten-Na, kalayan wasilah pangulemna shohibulhajat, urang sadaya tiasa ruing
pungpulung dina ieu waktos, dina raraga Tasyakur Walimatulkhitan Cep
... putra kanyaah Bapa .... & IBU ....
Shalawat miwah
salam mugia Salamina didugikeun ka Jungjunan Urang sadaya Nabi Muhammad SAW.
Oge ka kulawargina, ka para shahabatna sareng sadaya umatna tug dugi ka urang
sadayana.
Hadirin anu
dimulyakeun ku Allah,
Neda widi, sim
kuring salaku panata acara, seja ngadugikeun rundayan acara anu baris dipedar
dina enjing ieu; 1. Bubuka, 2. Pamaosan Ayat Suci Al-Quran, 3. Tawasul, 4.
Biantara ti Sohibul Hajat 5. Doa/panutup.
Baca Juga : Contoh Undangan Khitanan Bahasa Sunda
Acara Kahiji, kanggo kaberkahan ieu haflah, mangga urang sami-sami pitembeyan ku ngaoskeun BASAMALAH sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.
Salajengna,
masih dina acara bubuka, mangga urang sami-sami jantenkeun heula majlis doa;
Anu kahiji,
kanggo ...
Anu kadua,
kanggo Panganten Hitan, Cep … putra kanyaahna Bapa … & Ibu …, mugia
dipanjangkeun yuswana, disehatkeun lahir batina, diparekkeun rizkina, tebih
baliana, utamina mugi sing janten murangkalih anu soleh, tiasa ngabdi ka Ilahi
hormat tilawat ka ibu rama, taat ka agama miwah nagara, cageur bageur lahir
batin.
Anu katilu, kanggo
Sepuhna Panganten Hitan, kersana Bapa … kalih Ibu … sareng sadaya kulawargi, mugia
dipaparin kakiatan, kasobaran dina ngatik, ngaping murangkalihna, mugia
Salamina aya dina kawilujengan, sanes kanten nu dipimaksad aya dina pangijabah
Allah SWT.
Anu salajengna,
kanggo Karuhun-karuhun shohibul hajat, anu parantos ngantunkeun, mugia sadayana alamarhum/almarhumah aya dina rohmat sareng magfiroh Allah, ditampi Iman, Islam, Ihsanna, sareng ditempatkeun dina tempat anu Mulya mungguh Allah SWT.
Saterasna, kanggo
urang sadaya anu sami hadir, mugia kulwargi urang sapapaosna aya dina
panangtayungan Allah swt. Sareng sanes kanten hajat urang sadayana mugia
diqobul Ku Allah swt. Aamiin
(catetan : majlis do'a tiasa dikirangan atanapi ditambihan saluyu sareng kaperyogian)
Baca Juga : Teks MC Manakiba TQN Suryalaya Bahasa Sunda
Hadirin anu Mulya,
Acara anu
salajengna, nyaeta:
Pamaosan
ayat-ayat suci Al-Qur'an, anu baris didugikeun ku saderek …
dilajengkeunkana TAWASUL anu baris dipimpin ku kersana Bapak…
Ka para petugas
anu disebat mangga dihaturanan.
Acara salajengna Biantara ti kersana Sohibulhajat, ka Kersana Bapak … mangga dihaturanan.
Salajengna Do'a anu baris dipimpin ku kersana ……………………….., ka mantenna dihaturanan.
Hadirin Rohimakumullah,
Alhamdulillah rundayan
acara walimatulkhitan ti kawit dugi ka ahir parantos rengse kalayan lancar.
Mangga urang sami-sami tutup acara ieu ku ngaoskeu HAMDALAH,
Alhamdulillahirobbil ‘alamiin.
Sim kuring salaku panata acara, neda tawakup tina sanes kanten kakirangan, ngahturkeun nuhun kana perhatosanana.
HASBUNALLAH
WANI’MAL WAKIL NI’MAL MAULA WANI’MANNASIR.
Wassalamu
'alaikum warahmatulllah wabarakatuh.
Kang Kamal, 1/8/2025
Sign up here with your email
ConversionConversion EmoticonEmoticon