![]() |
| Panata Acara (Ilustrasi) |
Assalamualaikumnwr wb
Sampurasun!
Bapa kapala SMPN …
Bapa Pupuhu komite
Bapa Ibu Guru kalih staf tata usaha
Nu insyaallah samudayana ku sim kuring
dipihormat tur dimulyakeun.
(Dunga arab)
Puji
sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Alloh Dat Nu Maha Ghofur, nu teu weleh
nangtayungan ka urang salaku umat Na siang rawuh wengina! Teu kalangkung
solawat miwah salam mugia dilelerkeun ka Jungjunan Alam nyatana Habibana
wanabiyana Muhammad SAW, kalih kulawargi, sohabat, sinareng urang salaku umat
Na di ahir jaman.
Baca Juga: Teks MC Walimatul khitan Bahasa Sunda
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Unggal
insan tangtos kagungan kalepatan boh nu karaos pon kitu deui nu teu karaos. Nu
sipatna dihaja pon kitu deui teu kahaja. Nu alit sumawonna nu ageung. Fitrah
manusa mo leupas tina hal eta. Nanging saukur jalmi-jalmi iman nu kagungan budi
paranggi mulya tur luhung nu kersa nyuhunkeun dihapunten ngangken kana
kalepatan, samulihna oge sami ninggang jalmi nu kagungan manah jembar tur suci
kersa ngahapunten kana samudaya kalepatan ti batur. Tah ayeuna panginten
ninggang mangsa nu sampurna, wanci nu mustari, dina raraga masih kaayaan Iedul
fitri nu singsarwa mulih kana fitrah kana kasucian hate, taya bayana urang
silih lubarkeun kalepatan lahir tumekaning batinna! Caang bulan opat belas jalan
gede sasapuan! Sapertos ukhuwah agama urang nu ngawajibkeun mageuhan tali
silaturahmi nebihan mumusuhan, pacengkadan, sakali deui nya ieu pisan waktosna.
Insyaallah di dieu sim kuring baris janten panata acara kanggo lumangsungna
acara ieu. Acara halal bilhalal kanggo mantengkeun deui tali silaturahmi nu
rengkeng, tali mimitran nu renggang di antawis kaum muslim hususon warga SMPN
....
Hadirin
nu ku sim kuring dipihormat, ti payun sim kuring seja ngadugikeun runtuyan
acara nu bade dilaksanakeun dina kasempetan ieu.
1. Bubuka, anu parantos didugikeun ku
sim kuring.
2. Pamaosan ayat suci Al Quran
3. Sambutan ti Bapa Pupuhu Sakola
4. Tauziah
5. Dua tutup
Hadirin
nu ku sim kuring dipihormat, supados teu nyangkolong teuing kana waktos hayu
urang kawitan wae ieu acara ku sasarengan maoskeun bissmillah!
Hadirin
nu ku sim kuring dipihormat ninggang acara nu kadua nyaeta pamaosan ayat Suci
Al Quran anu bade didugikeun ku pangersa ...., waktos
sinareng tempat dihaturkeun!
Hatur
nuhun ka Pangersa ..., anu parantos maoskeun ayat suci
Al Quran, mugia berkah kanggo urang sadaya! Aamiin yra!
Hadirin
nu ku sim kuring dipihormat, acara salajengna nyaeta sambutan ti Bapa pupuhu
SMPN ...., ka pangersa Bapa ....., waktos sinareng tempat
dihaturkeun!
Hatur
nuhun ka Bapa pupuhu sakola anu parantos ngadugikeun sambutanna, mugia mangfaat
kanggo urang samudayana! Aamiin yra!
baca juga: Teks Pembawa Acara Manakiban Bahasa Sunda
Hadirin
nu ku sim kuring dipihormat, salajengna
nincak acara nu kaopat, hayu urang regepkeun ku sadayana, malar natrat safaatna
kana diri urang samudayana, nyaeta tauziah nu baris didugikeun ku al ustad al
mukarom pangersa Bapa ...., waktos sinareng tempat dihaturkeun!
Hatur
nuhun ka pangersa Al Ustad pangersa bapa .... anu parantos
ngadugikeun tauziahna nu kacida munelna, mugia urang tiasa nyandak tuladan tina
tauziah eta tur dilarapkeun dina kahirupan urang sadidinten! Aamiin yra!
Hadirin
nu ku sim kuring dipihormat, leres waktu teh bet teu karaos majuna, tapi sok
sanaos kitu, rasa duduluran tali silaturahmi mugia teu pegat ku seepna
hancengan waktu kanggo ieu acara. Tali silaturahmi di antawis urang mah mugia
teras mayeng, manjang, kanggo ngajaga ajegna dawah islamiyah muru ridho
Mantenna. Sim kuring salaku panata acara neda dihapunten sok bilih salami
ngabantun ieu acara seueur kalepatan boh dina tingkah laku pon kitu deui dina
basa nu pasalia. Mugia magfirah, barokah ti Gusti salawasna lumungsur ka urang
samudayana! Aamiin yra! Urang tutup wae ku sasarengan maoskeun hamdalah.
Billahitaufik walhidayah, Assalamualaikum wr.wb.
Ku: Abah Unang (200226.15.53)
Sign up here with your email

ConversionConversion EmoticonEmoticon