CONTOH UNDANGAN KHITANAN BAHASA SUNDA

Contoh Undangan Khitanan Bahasa Sunda

Assalamualaikum wrwb.

Sampurasun...

Dina laman ieu sim kuring seja ngabagikeun conto uleman/undangan acara khitanan dina basa Sunda. 

Sok sanaos anu sanés parantos seueur nu ngaplod ngeunaan hal ieu, namung mudah-mudah baé postingan ieu aya mangpaatna kanggo anu meryogikeun.

Ka para suhu anu ahli dina tata basa Sunda, sim kuring ngaraos bingah saupami kersa ngageuing kanggo ngoréksi kalepatan tata basana. Panuhun tiasa maparin conto nu langkung saé, ditampi pisan.

Baca Juga : Contoh Naskah Pidato Serah Terima Calon Pengantin Bahasa Sunda

Niat mah sanés badé mintonkeun katiasa, kawantu sanés ahlina, namung istuning ngiring ngarojong dina enggoning ngamumulé basa Sunda.

Wassalamualaikum wrwb. 

Conto uleman undangan basa Sunda :

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Manawi teu aya cegahing ti Gusti nu Maha Suci, kalayan teu kendat neda ridlo sareng rahmat ti mantenna, sim kuring seja ngahaturanan Bapa/Ibu/Sadérék dina raraga sukuran walimatul khitanpun anak :

______________________

anu insya Allah badé dilaksanakeun dina :

dinten, kaping           :  Senén, ...........................

waktos                :  Tabuh 06.00 09.00

                                         Tabuh 09.00 10.30

                 padumukan       : ........................................ RT/RW .........

                    .............................................................

 Mangrupikeun hiji tawis kabingah sareng kabagjaan kanggé sim kuring sakulawargi saupami Bapa/Ibu/Sadérék kersa sumping dina waktosna.

Tina samudayaning kawening galih miwah kasaéan manah Bapa/Ibu/Sadérék, Sim kuring ngahaturkeun timpah rébu nuhun laksa keti kabingah.

Mugia kasumpingan Bapa/Ibu/Sadérék janten amal ibadah. Amiin


 Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

 (nami Shohibulhajat)

  By: Kang Kamal Godebag

loading...
Previous
Next Post »