Contoh 1 Naskah
Biantara Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) untuk SD/SMP.
(Tema : Kaéndahan Alam Ki Sunda)
Foto : kangkamalgodebag |
Assalamualaikum wr wb.
Sampurasun!
Kumaha daramang?
Bapa kalih
Ibu girang pangajén nu ku sim kuring dipihormat,
Para
patandang sadaya nu sami ku sim kuring dipihormat,
Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Dat Alloh
Nu Maha Ghofur, solawat miwah salam mugia dilélérkeun ka Jungjunan Alam nyatana
Habibana Wanibayana Muhammad SAW!
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Ngadegna sim kuring di ieu tempat taya sanés kanggo ngiring diajar
cumarios ngalalancar cumarita dina wangun ngadugikeun ungkara biantara nu
insyaallah baris ngabantun jejer kaéndahan alam Ki Sunda.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Raraosan asa moal aya nu bireuk deui ku kaéndahan alam nagri urang,
utamina alam Priangan, Tatar Sunda, nu janten
lemah cai urang samudayana. Ti jaman karuhun urang kapungkur tug dugika
ayeuna kaéndahan alam Priangan kaceluk ka awun- awun ka koncara ka janapria,
minangka pangirut bangsa lian supados
kersa rurumpaheun sumping ka lemah Pasundan, janten pamélèt sélér séjén
sangkan kersa sumping niti-niti
banurungsit mapay- mapay pancaniti kanggo nyeuseup hawa seger sinareng
nyawang éndahna alam Ki Sunda ieu. Malih sakapeung janten beungbeurat sélérna ku anjeun kanggo ngantunkeun sarakanna ieu mun pareng seja
ngalalana.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Kasaksén ku urang sadaya, alam Priangan nu éndah sesah tandingna. Gunung
rentul dipayungan méga bodas langit
paul. Héjo ngémploh paleuweungan sinareng kebon, tegalan, huma, sérang, nu
janten harepan kahirupan, tur janten
rénghap karéréaan wargana. Walungan arula-arileu, cai cur-cor canémbrang
hérang matak genah tumaninah nu imah- imah. Tuh laut kidul, laut kalér, sareng
di kulonna, ngalamuk paul ti katebihan. Lambak patingjelegur ngeundeurkeun
dada. Budahna bodas ngalétakan basisir nu bodas ku kikisik tinggurilap katojo
panonpoé. Tiis tingtrim seger ditambih
dalingdingna angin pagunungan Priangan nu nebak kakayon ngusikeun
dangdaunan. Pamayang sareng patani suka
bungah ngagarap alam nu sing sarwa pinuh ku barokah. Nya di dieu di Tatar Sunda
alias Priangan nu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina éta sadaya ayana.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Saha nu teu kataji ku kaéndahan alamna? Énjing-énjing panonpoe meleték ti palih wétan, dipirig ku
hawa seger sareng récét manuk na dahan. Atuh di sagarana dipapaés ku
srangéngé nu medal atanapi sunrise téa, sareng murudulna parahu pamayang nu sawewengi
tos ngadu nasib di laut milarian bekel
kahirupan. Atuh pasosontenna panonpoè surup nutup dinten ieu dina sela-sela
kalangkang gunung sareng tengah-tengah sagara. Wengina alam éndah mabra ku
purnama. Saha nu teu kapincut ku kaéndahan alam Ki Sunda?
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Éndah, éndah kacida alam Priangan urang ieu téh. Yeuh geura dangukeun
guguritanna!
(Sinom)
Alam éndah
Tatar Sunda
Rasana mo
anu nanding
Ciciptan
berkah Pangéran
Keur sakumna
eusi nagri
Ngarah hirup
walagri
Hirup-hurip
sangkan junun
Néangan
bekel dunya
Pon kitu
bekel ukhrawi
Panceg iman
nanjeur na kawaluyaan
*
Gunung paul
ajeg gagah
Méh adek
ngarampa langit
Leuweung
héjo ku tohaga
Sawah kebon
ngémploh asri
Ngamalir
genclangna cai
Walungan
pauntuy-untuy
Kitu deui
sagara
Lambakna
ngendagkeun ati
Éndah kabéh
jadi papaés buana
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Tah kitu, kaéndahan alam di sarakan urang teh. Ayeuna patarosanna, na
kersa urang ngarumat ieu amanah ti Mantenna tèh? Alam éndah teu kénging digunasika! Inggis bendu nu kagunganNa
antukna nibankeun rupi-rupi sasalad nu mangrupi bencana alam mun ku urang
dikakaya! Anggur mah hayu urang piara, urang mangfaatkeun kanggo kamaslahatan umat! Tiasa diolah kanggo sumber pangan pon kitu deui kanggo pangirut wisatawan. Tapi kadé sok sanaos
dijantenkeun pangirut wisatawan atanapi déstinasi wisata téa, ulah dugika
ngaruksak éta alam nu geus kaceluk kaéndahanna sareng kaasrianna!
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Rupina dicekapkeun sakieu waé biantara ti sim kuring. Bobot pangayon
carang sapakan kana samudaya kirang langkungna, neda tawakufna waé!
Hatur nuhun! Billahi taufik walhidayah, Assalamualaikum wr wb.
Ku: Abah Unang Ciamis (30/03/2024)
Baca Juga : Contoh Biantara Paturay Tineung
Contoh 2 Naskah
Biantara Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) untuk SD/SMP.
(Tema : Program
Kemis Nyunda, ngawangun jati diri nonoman Sunda)
Assalamualaikum
wr wb.
Sampurasun!!
Kumaha daramang?
Bapa kalih
Ibu girang pangajén nu ku sim kuring dipihormat
Hadirin
samudayana nu sami ku sim kuring dipihormat
Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Dat Alloh Nu Maha Gofur!
Solawat miwah salam mugia dilélérkeun ka Jungjunan Alam nyatana Habibana
Wanabiyana Muhammad SAW, ku barokah sinareng rohmat ti Mantenna ieu, urang
samudayana tiasa tepung lawung di ieu patempatan.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Ngadegna sim kuring di dieu seja ngiring diajar cumarios, ngalalancar
cumarita, mamanawian sasieureun sabeunyeuran aya mangfaatna kanggo urang
samudayana, insyaallah baris ngabantun jejer program Kemis Nyunda, ngawangun
jati diri nonoman Sunda.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Kiwari mindeng katitén ku urang samudayana yén nonoman urang Sunda ampir
tos teu mikawanoh kana budayana nyalira. Aranjeunna langkung wanoh kana budaya
deungeun nu saur aranjeunna mah majar langkung modéren. Neuleuman budaya Sunda
ku aranjeunna dianggap jadul alias tinggaleun jaman. Saur basa légégna mah
budaya kekinian nu asalna seuseueurna tina budaya barat, éta nu bakal nyandak
kana kamajengan. Antukna sakali deui, seueur
nonoman Sunda nu teu wanoh kana budayana nyalira.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Kaayaan sapertos kitu tangtos waé matak prihatin. Inggis énjing jaganing géto budaya Sunda tos leres-leres
leungit tina diri urang Sunda. Sieun téh jati ka silih ku junti. Nu antukna
budaya Sunda tumpur. Langkung tebihna bakal
kajantennan nu disebat lost generation téa, kajantenan tumpurna hiji
sélér boh ku sasalad pon kitu deui ku ngiserna ajén budaya kahirupan manusa.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Kumaha tarékahna supados teu kajantenan hal sapertos kitu? Nya salah
sawiosna ngalangkungan kurikulum sakola. Di sagèdéngeun ku mertahankeun ayana
pangajaran mulok basa Sunda di sakumna sakola ti dasar dugi ka menengah,
sukur-sukur paguron luhur, ageung alitna bakal tiasa nahan kajantenan nu teu
dipiharep éta. Mana komo ayeuna mah nuju
dihangkeutkeun Kurikulum Merdeka, sakola dipaparin kabébasan kanggo ngaèksplorasi, ngaludang kompeténsi, atanapi matéri pangajaran kanggo siswa dina wangun
Profil Pelajar Pancasila. Tah di dieu mangsana ngaludang poténsi kaarifan lokal
budaya Sunda dina hal ieu ngalangkungan
kagiatan P5 atanapi Projek
Penguatan Profil Pelajar Pancasila.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Program lianna kanggo mertahankeun rénghapna budaya Sunda, nu dipalar
tiasa napel janten jati diri urang Sunda
utamina nonoman Sunda nyatana ku ngahangkeutkeun Program Kemis Nyunda margi
seueur pisan mangfaatna ieu program téh. Program Kemis Nyunda ieu tiasa
dijantenkeun tarékah kanggo ngawanohkeun budaya Sunda ka nonoman Sunda dina hal
ieu siswa-siswi di sakola. Kunaon kitu? Margi dina kagiatan Kemis Nyunda ieu
bagbagan budaya Sunda sok sanajan teu sagemblengna tiasa ageung alitna
diimplementasikeun dina kahirupan di sakola nu tebihna dipalar tiasa diimplementasikeun dina kahirupan sadidinten
dina hirup kumbuh di masarakat.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Naon waé kagiatan nu tiasa dilaksanakeun dina Program Kemis Nyunda téh?
Kahiji ngawanohkeun raksukan atanapi anggoan. Anggoan Sunda nu has Sunda
saupamina waé pangsi sareng iket kanggo pameget, kabaya sareng samping kanggo
wanoja, tiasa diagéndakeun dianggo dina dinten Kemis boh ku guruna utamina ku
siswa. Nu kadua basana. Dina dinten Kemis ieu wajib sakumna komponén nu aya di
sakola, ti ngawitan kapala sakola, guru, tata usaha, panjaga sakola, sareng
siswana, cumarios ku basa Sunda. Guru ngabimbing kumaha kedahna sumanggem
nganggo undak usuk basa nu leres di sagédéngeun
kandaga kecap nu leres ogé. Tiasa ogé dina dinten éta diayakeun
sarupaning kagiatan maca jeung nulis aksara Sunda pikeun siswa, malah teu
pamohalan diayakeun pagelaran seni Sunda, bazaar kulinér atanapi jajanan tradisional Sunda di sakola. Keun para siswa
utamina, sina marikawanoh kana hal nu ditataan di luhur.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Nu janten pasualan, naha aya kahoyong ti pihak sakola hususna,
pamaréntah daérah dina umumna, kanggo ngahangkeutkeun kagiatan Kemis Nyunda éta
di sakola? Malih katingalina kiwari mah tos kendor kacida palaksanaan kagiatan
éta téh. Malah di sawatara wewengkon mah tos teu dilaksanakeun deui. Tah ayeuna
mah kantun mulih deui kana diri séwang-séwangan, na aya niat keyeng kanggo ngalaksanakeun
program éta? Atanapi henteu ku saniskara alesan? Apan badé saha deui nu
ngamumulé hiji budaya ari sanés sélérna nyalira mah sanés?
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Ku kituna hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun kanggo ngamumulé budaya Sunda ku kersa
ngahangkeutkeun program Kemis Nyunda! Insyaallah upami keyeng mah tangtosna
bakal pareng. Budaya Sunda bakal janten jati diri nonoman Sunda. Budaya Sunda
moal dugi ka lastari nanging bakal lestari, aya rénghapna sapanjang jaman.
Wallohualambissawab!
Sakitu nu kapihatur. Hapunten kana samudaya kakirangan! Hasbunalloh wanimal wakil, Billahi taufik walhidayah, Assalamualaikum wr wb.
Cafe Galuh, 28/01/2023 Ku: Abah Unang
Sign up here with your email
ConversionConversion EmoticonEmoticon