Lirik/rumpaka Panambih NIMANG (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...
Kadang wargi anu mikadeudeuh kana budaya sunda tembang cianjuran, utamina para juru mamaos/juru tembang; saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. Nu dipalar teu aya sanes nyaeta pikeun ngamumule budaya karuhun urang, budaya sunda nu utama, anu warsih ayeuna geus mimiti kadeseh ku budaya deungeun. mugia catetan ieu sasieureun sabeunyereun tiasa ngahudang rasa geusan leuwih mikacinta malah mandar tiasa nepakeun ka generasi urang jaman ayeuna. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo balarea. 

*NIMANG*
Nelengnengkung, nelengnengkung geura gede geura jangkung geura nyiar elmu luhung geura mikanyaah indung lunta ka tungtung Cipandan dugi kana babantarna cinta na indung ka anak sesah milari pantarna
ngalanglang tungtung Cipandak lepas ningal sagarana melangna indung ka anak langkung ti ka salirana 
geus subuh di megamendung isuk di tungtung Cimanggu geus puguh waktu ngakandung diuk nangtung teh ngaganggu. lagu/rumpaka: N.N.

gambar ilustrasi : sumber google.com


sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog

Disusun ku Sobirin. 
loading...
Previous
Next Post »

5 komentar

Write komentar
Admin
AUTHOR
18 Desember 2017 pukul 03.28 delete

Duh raos pisan kang pami tembang Cianjuran teh :D

Reply
avatar
Unknown
AUTHOR
25 Januari 2018 pukul 14.52 delete

Hatur nuhun, kabantontos pisan pak. Namun sawios teu abdi teh bade tumaros upami kawih panambih nimang teh lebet Kana panambih papatat? Teras upami kawih panambih nimbang di nyanyikeun saatos tembang pokok nu sanes tiasa teu pak? Teu sawios kitu? Atanapi kawih panambih ngambing mah papasanganana kedah sreng tembang papatat?

Reply
avatar
13 Februari 2018 pukul 18.24 delete

Sakaterang sim kuring dina tembang sunda cianjuran aya nu disebat mamaos (sapertos papatat, jrrd) aya nu disebat lagu panambih/panambah. pami nimang lebetna kana lagu panambah. lagu panambah biasana ditembangkeun sabada mamaos, namung teu oge teu sawios. lagu nimang, bade ditembangkeun sacara mandiri mangga, bade sabada mamaos mangga (mamaosna mah nu mana wae). mangga ka dulur-dulur nu sanesna diantos komentarna. htr nuhun Bu Husnul Hotimah,, parantos kersa sindang ka halaman ieu.. wasalm.

Reply
avatar
Unknown
AUTHOR
5 September 2020 pukul 03.39 delete

Rambay cimata, emut ka jenatna pun biang nu tos teu aya di kieuna...

Reply
avatar
Unknown
AUTHOR
1 Juni 2021 pukul 06.00 delete

Kanyaah idung taya wateswangena,moal ka ukur ku waktu moal kahalang ku jarak.
Kanyaah indung salwasna.
Emaaaa...bapa...hampura abdiiiiii

Reply
avatar