CONTOH NASKAH BIANTARA FTBI SMP/SD (Ngawangun nonoman Sunda nu literat)

Foto : kangkamalgodebag
Assalamualaikum wr wb

Sampurasun! Kumaha daramang?

Bapa kalih Ibu girang pangajén nu ku sim kuring dipihormat, hadirin samudayana!

Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji kalih sukur ka Dat Alloh anu Maha Ghofur, solawat miwah salam mugia dilélérkeun ka Jungjunan alam nyatana Habibana Wanabiyana Muhammad SAW, kalih kulawargina, sohabatna, sinareng urang sadaya salaku umat-Na na tungtung jaman!

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, ngadegna sim kuring di ieu tempat taya sanés badé ngiring diajar sumanggem, ngalalancar cumarios, ngadugikeun biantara singget ieu nu insyaallah baris ngabantun jejer ngawangun nonoman Sunda nu literat sangkan bisa ngaronjatkeun préstasi saluyu jeung kamajuan jaman pikeun kamajuan bangsa jeung nagara.

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,

Aya kecap serepan tina basa deungeun nyaéta literat, naon téa literat téh? Literat taya lian nyaéta insan nu daék ngalaksanakeun budaya atawa kagiatan  literasi. Tah tah tah, ari literasi éta sorangan  naon? Saacan kana hal éta urang pedar heula kasang tukangna saeutik mah kunaon bet nyabit-nyabit literasi.

Baca juga : Biantara : Pamuda Indonesia dina raraga ngeusian kamerdekaan

Saperti nu dipikanyaho ku urang saréréa, dina danget ieu pamaréntah keur ngahangkeutkeun naon nu disebut budaya literasi. Rupa-rupa tarékah, téhnik, nu tumali jeung literasi terus digali ku pamaréntah sangkan literasi ieu bisa dalit lir getih jeung daging na tangtungan warga nagara urang utamana di dunya atikan. Sakumna warga nagara jigana geus moal bireuk deui kana kecap literasi, sakali deui da ieu kecap téh geus jadi sarupaning  ikon di masarakat Indonésia hususon di lingkungan sakola jeung paguron luhur. Tapi sok sanajan kitu loba kénéh  nu teu paham kana hartina mah.

Literasi téh bisa dihartikeun kamampuh hiji jelema pikeun maca, ngitung, nulis, nyarita, ngolah informasi, jeung néangan jalan kaluar pikeun hiji pasualan. Istilah nu asalna tina basa Latin, literatus ieu, nu pihartieunna jelema nu diajar, loba jenisna, aya literasi maca jeung nulis, budaya, finansial, ipték, jeung sajabana. Tah di dieu mah da urang mah ayana di lingkungan sakola urang watesan wé ku literasi maca jeung nulis nu dipedarna.

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,

Kagiatan literasi di sakola loba pisan rupana. Ti mimiti maca di pabukon sakola, terus nyieun ringkesanna, nyieun pojok baca di unggal kelas keur bacaan sakumna siswa, nulis dina mading, jeung réa-réa deui. Malah saluyu jeung kamajuan jaman, literasi téh geus ngaronjat ajénna nyaéta nu disebut literasi digital téa. Néangan saniskara élmu pangaweruh ngaliwatan internét atanapi searching di  dunia maya téa ceuk barudak gén z mah. Sakali deui éta gé literasi. Tibatan HP dipaké maén gim FF wungkul, nya mending dipaké néangan kanyaho asal bener wé situs atawa wéb nu didatanganna saluyu jeung kabutuhan karakter budak sakola.

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, ku loba ngayakeun kagiatan literasi tangtuna bakal nambah jeung ngalegaan pangaweruh hiji jelema dina hal ieu siswa. Pan aya paribasa maca téh mukakeun jandéla dunya, tah ieu pisan maksudna. Najan urang teu kungsi datang ka luar negeri misal ka Amerika, tapi urang apal kumaha kaayaan di Amérika ngaliwatan maca buku, nongton vidio, browsing informasi, jeung nu séjénna. Urang hayang bisa migawé hiji kaparigelan, upamana waé hayang bisa nyieun peuyeum ketan, urang tinggal maca buku atawa muka internét néangan vidio tutorialna. Aya paribasa dina internét mah sagala aya tinggal urang daék néanganna. Tapi kadé, kaom literat nu bener mah kudu wijaksana, tara percaya kitu waé, angger kudu dipilih dipilah. Urang kudu paham kana téksna, urang kudu kritis kana eusina, sangkan teu kajadian kagiatan literasi urang justru ngadatangkeun akibat goréng ka urang.

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, lamun urang salaku siswa geus daék ngalaksanakeun program literasi insyaallah urang baris bisa ngukir préstasi, insyaallah urang moal kagiles ku jaman. Tapi tetep najan kitu kahadé, sing sering nanyakeun atawa sharing basa gayana mah, jeung guru sangkan aya nu ngabimbing. Lain nanaon, bisi buku nu dibaca, internét nu diaksés teu saluyu atawa matak mawa balai ka urang salaku siswa.

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, insyaallah sakali deui kagiatan literasi ieu lamun bener jeung mayeng dilakonan mah baris ngaronjatkeun préstasi diajar. Urang bakal leuwih loba pangaweruh, bakal leuwih kreatif, parigel, inovatif, nu bisa jadi bekel dina ngayonan kamajuan jaman. Ku daék ngalaksanakeun literasi ieu insyaallah urang baris bisa nyaluyukeun diri jeung abad milénial ieu nu bisa disebut canggih sagala rupana.

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, rupina mung dicekapkeun sakitu waé biantara ti sim kuring mugia aya mangfaatna! Hapunten kana samudaya kakiranganna!

Billahi taufik walhidyah, Wassalamualaikum wr wb

 

Ku : Abah Unang Sumarna, Ciamis

121024

loading...
Previous
Next Post »