![]() |
Photo sabada nyekar ka Abah Sepuh-Abah Anom di Puncak Suryalaya |
Dinten ka dua puluh salapan, dinten Ahad nu janten wekasan
dina bulan Sya’ban taun 1437 Hijriyyah. Pareng dina ping 5 Juni 2016, Kulawarga Besar Aki Mad Fakih bin Adhani
/ Nini Engki binti H. Sobari ngalaksanakeun nyekar/ziarah
ka Guru Agung Abag Sepuh (Syekh Abdulllah Mubarok bin Nur Muhammad ra.)
sareng Abah Anom (Syekh Ahmad
Shohibulwafa Tajul Arifin ra.) di Makam Puncak Suryalaya.
Hiji tradisi agamis jeung budaya di Patapan Suryalaya, dina
raraga mapag rajana bulan Hijriyah –nyatana Ramadhan anu mulya- sakur dulur
salelembur, kadang warga nu saikhwan seja ngalaksanakeun nyekar/ziarah ka Pangersa Abah Sepuh sareng Abah Anom. Anu
saterasna dilajengkeun ziarah ka para karuhun aki-nini, uyut, eyang jrrd.
Sakumaha pitutur agama dina QS. Ali Imron: 133, yen urang
kudu gura-giru menta panghampura ka Allah Ta’ala. Sabada meredih panghampura ti
manten-Na, dipiharep mugi urang bisa ngalaksankeun ibadah puasa kalawan
sampurna, sarta tujuan puasa –taqwa nu utama- bisa kapimilik ku urang sadaya
salaku jalma anu ariman.
Kantenan, dina mayunan sasih anu suci, hate kudu bener-bener
beresih tina saban dosa anu pernah dipilampah ku urang. Dosa nu karasa boh nu
teu karasa. Diantarana dosa ka papada, dosa ka kulawarga, dosa ka indung bapa,
malah dosa kanu jadi Guru Mursyid bati teu milampah amaliyah anu saenyana
paparin ti mantenna.
(Astagfirulloh Hapunteeenn
Abaaah ….., Hampura emaaa … hampura bapaaa… abdi nu bedegong tacan tiasa
mulangtarima kana jasa-jasa aranjeun. Mugi kedal tobat nu di ucap dikabul ku
Allah Robbun Gofuur. Amiin.)
Acara kulawarga ieu rutin dilaksanakeun dua kali dina saban
taun, nyaeta dina mapag bulan Romadhon sareng dina akhir Romadhon. Ti kawit nyekar ka Pangersa Abah, silaturahmi ka ahlul bait (keluarga Abah Anom), nyekar
ka karuhun tug dugi ka sadaya turunannana anu parantos tilar dunya.
Diantara katurunan Uyut Sobari sareng Uyut Ilah nyaeta (Nini)
Engki/Mad Fakih. Tina papasangan ieu ngagaduhan katurunan anu urutannana:
1.
H. Toha Muslih ka Hj. Uum Sumiati (Warudoyong), dipaparinan
putra 5 (pameget 4, istri 1), incu 12.
2.
Ahmad/Emod/Ero (alm.) ka Tuti (Bandung),
dipaparinan putra 4 (pameget 2, istri 2), incu 8.
3.
Rabiah ka Aleh (Sukaresik), dipaparinan putra 6
(pameget 2, istri 4), incu 13, buyut 2
4.
Anah ka Cece Sutisna (alm) - (Cikoranji),
dipaparinan putra 2 (pameget), incu 1
5.
Esih ka Aban (Godebag), dipaparinan putra 3
(pameget 2, istri 1), incu 3
Mugia nyekar/ziarah –nu
Sunnah hukumna- bisa kalaksanakeun ku
tununan urang anu bakal datang. Taya maksad nu dipalar, iwal ibadah kalih nyuprih
panghampura Gusti. Sangkan hirup hurip salamina aya dina kabagjaan dunya
aherat, utamina aya dina ridlo Gusti.
Ilaahii anta maqsuudii
waridlooka mathluubii a’tinii mahabbataka wama’rifataka
Kamaludin Koswara
5 Juni 2016
06.30
Kamaludin Koswara
5 Juni 2016
06.30
loading...
Sign up here with your email
ConversionConversion EmoticonEmoticon