Lirik/rumpaka Panambih BALEBAT (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...
Kasugri anu sami mikacinta kana budaya Sunda, utamina seni Sunda Cianjuran, kiwari lain bihari. Sim kuring ngaraos yen buku sareng naskah anu tumali sareng tembang Sunda kacida langkina.

Ku hal sakaitu, dulur-dulur anu mikadeudeuh kana budaya sunda tembang cianjuran, para juru mamaos/juru tembang atanapi saha bae, saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. 

Nu dipalar teu aya sanes nyaeta pikeun ngarumat sinareng ngamumule budaya karuhun urang, budaya sunda nu utama, anu warsih ayeuna atra geus mimiti kadeseh ku budaya deungeun. 

mugia catetan ieu sasieureun sabeunyereun tiasa ngahudang rasa geusan leuwih mikacinta malah mandar tiasa nepakeun ka generasi urang jaman ayeuna. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo balarea.

Lirik/rumpaka tembang Sunda anu diupload dina ieu kasempetan nyaeta lagu Balebat.

BALEBAT

Bray geura beurang, bray geura beurang
bat pek ngolebat
balebat kebat ngolebat

kahayang teh pajar geura bray beurang
pek balebat pek ngolebat kebat liwat
mawa beja jeung harepan
emh… duh pajar geura bray beurang.

**
Katangen hate, kaciri ati
kacipta rasa
horeng samoja kembangan

rarasaan panggih ngan sajorelat
lir malati pasini ganti wawangi
taya beja jeung carita
emh… duh Gusti geuning balebat.

Lagu/rumpaka: Mang Engkos



Sumber:
Sobirin. 1987. Lagu-lagu Panambah Tembang Sunda Laras Pelog. Bandung. hal. 7



loading...
Previous
Next Post »