Wejangan Abah Anom mengenai Taubat, Do'a dan Ziarah

Sebagai ungkapan pembuka, seraya memohon ampun kepada Allah SWT. atas kelancangan saya, telah mengutip kembali “Wejangan Guru Mursyid KH. A. Shohibulwafa Tajul Arifin (Abah Anom) Sesepuh Pondok Pesantren Suryalaya”. Tiada maksud yang terkandung di relung kalbu ini selain menyampaikan kembali nasihat, pepatah, wasiat atau wejangan dari Guru Mursyid kita tercinta untuk siapa saja yang merindukan ketenangan jiwa dan sedang meniti jalan menuju mardlatillah.

Berikut ini adalah diantara wejangan Abah Anom (dalam bahasa Sunda) mengenai Taubat, Do’a dan Ziarah, untuk sama-sama kita hayati dan amalkan.


Nalika Sulton Auliya nuju munajat dikeresakeun ku Allah dumugi ka panangan Kanjeng Nabi tiasa ngabungkeuleuk, dicepengan ku anjeuna. Ieu teh barang pamohalan para hadirin, lamun diemutkeun ku akal. Nanging ulah make disawalakeun anu langkung luas, ieu teh sadayana oge kakawasaan Allah, ku wewenanganana, saha nu rek ngagugat-gugat, saha nu rek bisa ngabendung?! Moal deui, manusa anu soleh, khususna para nabi, para rosul, oge para auliyana Allah.

Upama teu kaharti salangkung ku urang, keun bae teu nanaon, da karomat disebutna oge ari anu jolna ti wali mah. Upama anu jolna ti rosul jeung nabi, eta disebatna mu’jijat. Karomat atawa kamuliaan, kaagungan ieu teh ulah dihususkeun ka Sulton Auliya bae, sabab ti anjeuna teh seueur deui, malah urang oge ku Allah geus dimuliakeun, ceuk bahasa Arab mah karomat. Eta teh geus pada nyangking ngan hanjakal ku urang sok disalahgunaeun, nu akhirna diri urang teu diabdikeun ka Allah, narima rizki, milik ti Allah teu nembongkeun kasyukuran ka Allah, temahna dawuhan Allah dina Al-Quran, nu pihartoseunana :

“Kami geus ngamulyakeun ka sakabeh putra-putra Adam …”

Cing aya nu kari? Sihoreng geus kabeh dimulyakeun ku Allah, geus kabeh, geus rata. Bongan bae, lain urang sorangan teu aya kahadean, tapi urang sorangan nu mengkolkeun kahadean.

Cobi lamun eta karomat (kamulyaan) ti Allah ku urang teras dipiara, tangtu kalebet kana firman Allah anu hartosna:

“Saterangna manusa anu ku Kami tuluy dimulyakeun (berkaromat), jalma anu ngabuktikeun katakwaan (tunduk, patuh) ka Pangeran dhohir batin”.

Jadi atuh lamun kamulyaan anu ku Allah dilimpahkeun teh, pantes bae rek musna oge karomat (kamulyaan) teh, sabab salah urang keneh. Firman Allah anu hartosna:

“Kami geus ngajadikeun manusa mulya tur berpangkat luhur, satuluyna kami ngabalikeun harkat anu panghandap-handapna (hina) ku sabab amal, laku lampah”.

Mugi-mugi urang sadaya diraksa ku Pangeran sing tiasa miara kamulyaan (karomat) papada dina amal laku mengpar, oge ulah kadalon-dalon, gancang babalik pikir.

Tah kitu penjelasan “karomat”. Geus teu kudu jadi aneh, terutama jadi mangmang, ulah. Komo deui Sulton Auliya anu pamadegannana teu petot ibadahna siang wengi ka Pangeran.
Naon deui sababna nu matak urang leungit karomat (kamulyaan) ti Allah, nyaeta teu aya lian urang kurang waspada kana salira, sok rasa mokahaan, antepan, da buktina dikudukeun ibadah oge, teu weleh-weleh ngagugu ka embung, ari rajeun teh daek, jiga heueuh bae bareng jeung batur-batur, bareng ruku, bareng sujud, padahal hate mah kamana mendi, tempo-tempo nguruskeun hutang, cenah eta teh keur ibadah (madep) ka Pangeran, moal enya madep nu keur madep “luar-leor”. Lain sok kitu saderek-saderek?! Ah ulah dipinding-pinding urang araku bae, supaya urang daek ngomean.

Ku pribados oge ieu teh tos sababaraha kali disanggemkeun “Allohu Akbar” (Alloh Maha Agung), tapi kumaha ari dina hate, sulaya, sabab nu diakbarkeun (nu diagungkeun dina hate) lian ti Alloh (kabingung, kabutuh, jeung saterusna).

Sulton Auliya pang aheng karomat-na, sabab bener-bener takwana, pangna luhur darajatna, sabab kacida tunduk jeung patuhna kana parentah Alloh. Diantarana anjeuna ngabdi ka Pangeran, ngalaksanakeun parentah Alloh sareng Rosulna, munajat sareng tobat, dina waktos ziarah ka eyangna, nyaeta Rosululloh saw.

Dina eusi munajat, tumarima nandangan dosa, anu eta dosa ku anjeuna diibaratkeun Gunung Syam, malah disarupikeun budah sagara, ngadenger mundut pangampura Pangeran, dina salebeting ziaroh anu lamina 40 dinten, ngajerit raosna neda dibebaskeun tina sagala perdosaan, margi mantenna, Sultoh Auliya uninga anu jadi hahalang kana bagja keur akherat teh, nyaeta dosa perdosaan, margi dawuhan Allah anu hartosna:

“Kudu tarobat maraneh anu sabener-benerna, tangtu dihampura kalayan sagala kakuciwaan diganti ku kasampurnaan”.

Oge dina ayat anu sanesna, bakal dipaparin kabungahan.

Tuh kitu anu budiman mah, teu pedah pangkatna Auliya, geuning teu weleh-weleh bae taubat, rumaos aya dosa, make wakca ka Pangeran. Naha atuh ari urang ku nemen pisan mumul teh, ngan karep teh embung bae ibadah teh, geus salse ku salsena, geus komo ari peutingna mah, teu cara rek meunang kauntungan, mani giat naker. Kumaha ari bade angkat ka kantor, mani marelid pisan, cacak ka kantor keur ngatur urang di dunya, mani keleked, geus komo lamun geus dugi ka waktosna kudu ngantor ka Pangeran, aduh mani hoream, langkung-langkung dina subuh, teu kaur malikeun simbut.

Kumargi kitu, mugi-mugi Allah swt. Maparin taufiq ka urang sadaya, tiasa nyonto ka Sulton Auliya sabeunyeureun sasieureun jadi manusa anu to’at kana parentah Allah sareng Rosul-Na. Amiin

Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamu’alaikum wr.wb.



Dikutip dari :
Buku “20 Wejangan Guru Mursyid KH. A. Shohibulwafa Tajul Arifin (Abah Anom) Sesepuh Pondok Pesantren Suryalaya-Tasikmalaya”. Hal. 1
Edisi Khusus Ulang Tahun ke-95 Pondok Pesantren Suryalaya-Tasikmalaya

05 September 1905 – 05 September 2000
loading...
Previous
Next Post »

3 komentar

Write komentar
16 Juli 2017 pukul 23.10 delete

silahkan @Firman Nugraha, smga bermanfaat.

Reply
avatar
Unknown
AUTHOR
1 Februari 2022 pukul 18.48 delete

Mhon terjemahan dgbhasa Indonesianya....

Reply
avatar