HUKUM ALIF LAM (Bahasa Sunda)


Dimana-mana alif lam (ال) mayunan salah sahiji huruf hijaiyah nu 28, maka macana kabagi dua bagian :
1.      Alif lam wajib idhar/alif lam Qomariyah (tegesna bangsa bulan)
Hurufna aya 14, nyaeta : ء ب غ ح ج ك و خ ف ع ق ي م هـ
Dikumpulkeun dina lafad :  اِبْـغِ حَجَّكَ وَخَفْ عَقِـيْمَهْ
Patokanana : Dimana-mana alif lam mayunan salah sahiji huruf alif lam qomarriyah nu 14, maka macana kudu diidharkeun alif lam na.
Conto-conto alif lam wajib idhar / alif lam Qomariyah
kalimat
huruf
no

kalimat
Huruf
no
اْلخَـامِسُ
خ
8

اْلانَ
ء
1
اْلفَـمُّ
ف
9

اِلاَّ اْلبَابَ
ب
2
اْلعُـلَمَاءُ
ع
10

اْلغُـلاَمُ
غ
3
اْلقَـهَّارُ
ق
11

اْلحَـشْرُ
ح
4
اْليَـوْمُ
ي
12

اْلجَـهْلُ
ج
5
اْلمَـلِكُ
م
13

اْلكَـلاَمُ
ك
6
اْلهَـلَكَيْنِ
هـ
14

اْلوَدُوْدُ
و
7
Pangna alif lam dingaranan qomariyah/disarupakeun bulan, sabab dimana-mana aya bulan, cahaya bentang tetep katingali.

Qo'idah hukum alif lam aya dua sarta nu kahiji idhar bari hurufna aya 14 ;
لِلاَّمِ اَلْ حَلاَنِ قَبْلَ اْلاَحْرُفِ # اُوْلاَهُمَا اِظْهَـارُهَا فَلْتَعْرِفِ
Alif lam dua tingkah hukumna # hiji idhar sing terang ngunikeun nana
قَبْلَ اَرْبَعٍ مَعْ عَشْرَةٍ خُذْ عِلْمَهَ # مِنْ اِبْغِ حَجَّكَ وَخَفْ عَقِـيْمَهْ
Memeh opat belas cokot sing merenah # nya ibghi hajjaka wakhof ‘aqiimah
2.      Alif lam wajib adgom/alif lam Syamsiyah (bangsa panon poe)
Hurufna aya 14, candakan huruf-huruf mimitina saban-saban kalimat anu 14 kalimat, nu dikumpulkeun dina lafad :  
طِبْ ثُمَّ صِلْ رَحْمًا تَفُزْ ضِفْ ذَانِعَمْ # دَعْ سُوْءَ ظَنِّ زُرْ شَرِيْفًا لِلْكِرَامْ
Nyaeta : ط ث ص ر ت ض ذ ن  د س ظ ز ش ل
Patokanana : Dimana-mana alif lam mayunan salah sahiji huruf alif lam syamsiyah nu 14 tur manggih tasydid, maka macana kudu diidgomkeun alif lam na.

Sumber :
Abidin, KH. Zaenal. (1998). Al-Majmu’ Al-Fawaid fi Ilmi Tajwid. Bantul
_________. (1414 H). Pelajaran Tajwid Al-Quran. Tasikmalaya : Pesantren Miftahulhuda Cet. ke-3,

 

loading...
Previous
Next Post »