LIRIK / RUMPAKA LAGU DAREUDA - PATURAY (ALLAH NAWWIR QULUBANA)

Kacapi Suling dina acara adat siraman

Sampurasun…

Mugia sugri wargi sapapaosna aya dina panangtayungan Allah. Aamiiin. Dina kaca payuneun para wargi sadaya, sim kuring seja ngadokumentasikeun rumpaka/lirik Lagu DAREUDA nu biasa dianggo ku sawatara Juru kawih/tembang dina acara adat siraman Sunda atanapi dina acara samen marurangkalih sakola.

A. LAGU DAREUDA (Do'a)

laras : Pélog (Lagu : Paturay … pileuleuyan pileunleuyan… jst)


Allah Allah, Allah nawwir qulubana

Allah Allah, binuri hidayatika

Allah Allah, kama nawwarta ardloka

Yaa robbana, Allah binuuri syamsika

Reff :

Mugi Allah nyaangan abdi sadaya

Ku cahaya pituduh-Na

Kawas Allah nyaangan bumi alam-Na

Ku cahya panon poé-Na, Allah Maha Kawasa.


Baca Juga : Lirik / Rumpaka Papatet

B. LAGU DAREUDA (Paturay Tineung)

           Paturay pileuleuyan pileuleuleuyan

Ti ayeuna urang téh bakal paanggang

Anggang sotéh ukur dina titingalan

Tebih sotéh mung dina rérétan

Dina manah urang tetep sasarengan

Dina kalbu teu paanggang

Na émutan urang tetep sasarengan

Pileuleuyan-pileuleuyan duh lahir paanggang

Katineung, tali tineung nganteng mayeng

Simpay kangen teu galideur tetep nganteng

Cimata, tandana mayeng kahéman

Dareuda mah duh sora katresna.


Baca Juga : Lirik / Rumpaka Nimang

Ieu rumpaka téh duka saha anu nyanggina, duméh sim kuring mung kantos nguping tina kasét (kasét pita) sawatara taun kalangkung. Upami di tilik tina susunan kalimahna, ieu rumpaka rupina mah surahan tina salasawios do’a nu biasa diaoskeun dina sabada solat sunnat Isyroq (wanci carangcang tihang).


By : Kang Kamal


 

 

  

loading...
Previous
Next Post »