Kumpulan conto WAWANGSALAN (sisindiran)

Naon ari nu disebut wawangsalan téh?
WAWANGSALAN mangrupakeun salasahiji tina wangun Sisindiran. Wawangsalan asal kecapna tina wangsal atawa wangsul, hartina balik. Wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan.

Wawangsalan mangrupa hasil karya urang Sunda dina ngolah basana. Wawangsalan miboga ciri;
1. Diwangun ku dua padalisan/baris,
2. Tiap baris biasana 8 engang (suku kata),
3. Baris kahiji mangrupa cangkang, ngawangun  pijawabeun/teka-teki/teteguhan. Tegesna mangrupa kalimah anu nuduhkeun ciri ngeunaan barang/hal anu rék diteguhkeun.
4. Baris kadua mangrupa eusi, nyaéta aya KECAP anu DEUKEUT sorana kana eusi (jawaban) teka-teki dina baris kahiji.

Contona, titénan di handap ieu!


Lawon kandel pangsujudan (1)
masing husyu na ibadah      (2)

Titénan kalimah kahiji (1). Cik pikiran, "barang" naon anu dijieunna tina lawon/kaen kandel tur sok dipake sujud... naon cing?

Saterusna, pikeun "ngadeukeutan" atawa neguh jawabannana, baca baris kadua (2). Aya kecap IBADAH (dicitak miring). Tah... kira-kira naon eusina anu deukeut jeung sora kecap ibadah?
Leres pisan... SAJADAH eusina teh.

Sangkan leuwih ngarti, titénan conto wawangsalan séjénna di handap ieu:



















CONTO WAWANGSALAN
1. Waditra tamiang kolot
     Digeuing sangkan aréling
     wangsalna : suling
2. Kaléci ditiir benang
    cabé héjo diwadahan
    wangsalna : tasbé
3. Kempul nu badag ngagntung
    mata sipit balas noong
    wangsalna : goong
4. Tuturus baturna jubleg
    kadé ulah gedé hulu
    wangsalna : halu
5. Pakakas régés dikikir
    bulak-balik ka paraji
    wangsalna : ragaji
6. Pangais budak nu rungsing
    ibu camat tacan sumping
    wangsalna : samping
7. Purah matil badis lélé
    bagja dunya lahir batin
    wangsalna : patin
8. Beuti na galeng areuyan
     kulit nyéngléd bati labuh
     wangsalna : boléd
9. Katelah nangka Walanda
     hudang saré wanci imsak
     wangsalna : sirsak
10. Kembang sampeu maruragan
       saluran cai kapendet
       wangsalna : dingdet
11. Lawon kandel pangsujudan
       Masing husyu na ibadah
       wangsalna : sajadah
12. Haur badag bahan pager
       ulah sombong ka sasama
       wangsalna : gombong
13. Hateup imah kampung naga
       gawé ukur unjak-anjuk
       wangsalna : injuk
14. Bangkong leutik saba sérang
       sukuna kagencet panto
       wangsalna : bancét
15. Makuta dibawa solat
       ka batur kudu soméah
       wangsalna : kopéah
16. Cakcak badag di walungan
       ngeunah haté bagja awak
       wangsalna : bayawak
17. Panjeg rék babalik pikir
       meuli obat ti apoték
       wangsalna : tobat
18. Sora panggero ti masjid
       réang kawas keur muludan
       wangsalna : adan
19. Éling haté ka Pangéran
       sing bisa babalik pikir
       wangsalna : dikir
20. Raja tina saban amal
       ulah telat dilakonan
       wangsalna : solat


By: kangkamal
loading...
Previous
Next Post »