Lirik/rumpaka Panambih CEMPAKA KEMBAR (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...
Kasugri anu mikadeudeuh kana budaya sunda ; tembang cianjuran, utamina para juru mamaos/juru tembang; saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo ngajengkeun budaya sunda.

*Campaka Kembar (Panambih)

Duh campaka geus ligar di arambungan
duh campaka geus hegar teu dipulungan
deudeuh teuing watir teuing
campaka mayak di taman
leungit sari ical ganda
gapong taya komarana
duh lir gula ditilar amis

ayun ayunan,
di ayun ayun ku sinjang
ayun ayunan
bongan sok ngumbar kahayang

ayun-ayunan,
dina sisi palayangan
ukur lamunan
leungiteun nu ngalanglangan

ayun-ayunan
dina tangkal warudoyong
sabilulungan,
runtut ratur gotong royong

ayun-ayunan
dina tangkal kayu manis
sabilulungan
sapapait samamanis.



lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »