Lirik/rumpaka Teja Mantri (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

TEJA MANTRI
Bet abdi guling gasahan
Mikiran pangajak ati
Pengkuh sok hoyong nepangan
Padahal ana dipikir
Najan sering pulang anting
Taya bahana dkabul
Rumaos teu kasaratan
Angoeun panglipur galih
Nu puguh mah ngan siksa badan
sorangan.

Ningal lebak siga ngaplak
Ningal pasir siga sedih
Ngaplak tegal matak kelar
Jurang gawir jiga ketir
Lamping siga anu pusing
Gunung siga anu keur pundung
Walungan lir nu neangan
Dilali lali teu lali
Aduh Gusti teu sanggem nandangan nana.

lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »