CONTOH NASKAH PIDATO SERAH TERIMA CALON PENGANTIN BAHASA SUNDA

Pada kesempatan ini, saya bagikan contoh NASKAH PIDATO (BIANTARA) SERAH TERIMA CALON PENGANTIN dalam bahasa Sunda. Dalam tradisi orang Sunda pidato/biantara tersebut akan ditemui dalam adat SESERAHAN dan atau Sérén Tampi.

Naskah Pidato yang disajikan ada 2 macam, yaitu Naskah pidato dari pihak yang menyerahkan calon pengantin dan dari pihak yang menerima calon pengantin.

Naskah pidato yang saya sajikan hanya intinya saja. Hal ini dimaksudkan agar para pembaca yang sedang mencari referensi terkait naskah pidato ini dapat mengetahui inti dari pidato yang akan disampaikan. Adapun mukodimah (pembuka) serta pelengkap lainnya; agar komunikatif bisa ditambah dan dikurangi sesuai kebutuhan (situasi dan kondisi).

Perlu disampaikan bahwa naskah pidato ini, saya kutip dari Buku MODANA karya Ki Umbara dan R.H. Uton Muchtar, yang keduanya merupakan Pakar Sastra Sunda, sehingga untaian kalimat yang disampaikan sudah tentu syarat dengan makna serta tidak lepas dari Undak Usuk Basa-nya. (tata bahasanya).

Semoga postingan ini dapat bermanfaat bagi yang membutuhkan. Sekiranya berguna, saya persilahkan untuk di-share agar memberikan kemanfaatan yang lebih luas. Klik di sini untuk mendapatkan naskah dalam format PDF. Berikut adalah CONTOH NASKAH PIDATO (BIANTARA) SERAH TERIMA CALON PENGANTIN DALAM BAHASA SUNDA.

NASKAH BIANTARA SESERAHAN / SEREN TAMPI

Naskah Biantara nu Nyerahkeun

Assalamualaikum wrwb.

Muqadimah/bubuka

Bapa (sebatkeun nami Ramana calon pangantén istri)* miwah Ibu (sebatkeun nami Ibuna calon pangantén istri)** rawuh para wargi anu sami hadir, sepuhna, anomna, istri sareng pameget, kaum sadayana!

Pangapunten, nyuhunkeun widi tina galih anu wening manah anu sétra saréhna ieu aya anu badé kapiunjuk. Mung nya éta, mugi agung cukup lumur neda jembar hapuntenna, saréhing nyarios sabélong-béntor, tuna tina suba sita, kawantos sanés ahlina.

Kawakilan ku (sebatkeun nami Ramana calon pangantén pameget) miwah para kanca sadaya ieu anu sami dongkap ti (ngaran daerah calon pangantén pameget) ka dieu, nyanggakeun séwu-séwu nuhun laksa-laksa kabingahan saréhna Bapa (…*) miwah Ibu (.…**) sareng para wargi sadaya parantos sami luntur kalbu nampi ieu rombongan, anu sakieu matak pikabetaheunana. Éstu abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana.

Sawangsulna, agung-agung nya paralun jembar-jembar hapuntenna anu disuhunkeun, wiréh éstu dongkap téh wungkul matak sesah baé, matak cua baé, teu aya béma karama, taya siruaneunana.

Dupi pangna dongkap, kantenan aya pisan anu dipimaksad, ka pangkon Bapa (.…*) kalih Ibu (.…**)  nya éta maksad nyambung saur nu kapungkur ngeusian jangji pasini, pun anak anu jenenganana (sebatkeun nami calon pameget) bade ditikahkeun ka (sebatkeun nami calon istri), ieu ayeuna sumeja kasanggakeun pun anak. Sanggem paripaos téa mah getihna satétés, rambutna salambar ambekanana sadami, kabodoanana kaireug katalingeuhanana, kalaipanana, siangna wengina, ilang along marga hina, katinggang pangpung diudag maung, sumangga nyanggakeun.

Sareng, sanaos kalintang ajrihna, tebih ti utami, tamba ngalongkéwang kasanggakeun babantunanana sarebuk samerang nyamu, beulah pecah lalab rumbah sadongkapeun, ngabanjel-banjel kanu dikersakeun, sanaos teu aya tingalieunana teu aya pupurieunana, hoyong ditampi.

Pamungkas pihatur, neneda ka Gusti Nu Maha Suci, mugi-mugi dina majuna sareng salebeting kagungan damel, lungsur-langsar, bérés roés teu aya kitu sinareng kieu. Atuh anu ditikahkeun salajengna mugi-mugi lambat-lambut runtut-raut, lulus banglus panjang punjung, luhur kuta gedé dunya, jatnika sapapaosna laki-rabina (sebatkeun calon pangantén pameget) sareng putra Bapa miwah Ibu di dieu. Aamiin.

Hatur séwu sembah nuhun kana perhatosanana, neda tawakup tina saniskanten kakiranganana.

Wassalamualaikum wrwb.

 

Naskah Biantara nu nampi seserahan

 Assalamualaikum wrwb.

Muqadimah/bubuka

Bapa (sebatkeun nami Ramana calon pangantén pameget)  miwah Ibu (sebatkeun nami ibuna calon pangantén pameget) sinareng para wargi sadaya anu sami kempel ayeuna di dieu, kawakilan ku Bapa (sebatkeun nami Ramana calon pangantén istri) jalar istri, nyanggakeun haturan sumping disarengan ku laksa keti kabingahan ka sadaya nu sarumping.

Kawuwuh-wuwuh disarengan bari nyandak pipanganteneun pameget Den … (upama teu ngawakilkeun mah: pun anak pipanganteneun lalaki), anu diajeng-ajeng pisan siang kalayan wengi. Lajeng dipasrahkeun pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda,  binarungan bingah amarwata suta, bingan anu teu aya hinggana.

Kitu deui cacandakanana, sanaos henteu diantos-antos, ditampi pisan, henteu diteundeun di handap-handap éstu disuhun dina embun-embunan, sarta mugi-mugi jadi kamangpaatanana kanggo barudak miwah urang sadaya nu janten sepuhna.

Sawangsulna, mugi ageung sih hapuntenna dina sagala rupi kakirangan miwah kajanggalan dina ieu panampian kanu sarumping, boh sipatna, boh carana, tata sinareng basana anu matak ngajaheutkeun mamanahan.

Kitu deui dina jamuanana anu sanget mung sakadarna pisan tebih tina kautamian, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten kawantos sanés pisan kirang upami, nanging kumaha damung sakieu nya kaayaan.

Pungkasaning pihatur, sami-sami neneda, mugi-mugi paneja barudak anu badé jatukrami miwah pamaksadan sepuhna sadaya diijabah ku Gusti Allah SWT. anu sipat Rahman Rahim, sarta kénging sapaat ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW., lulus mulus, lungsur-langsar, bérés roés laksana tanpa kuciwa. Aamiin.

Hatur séwu sembah nuhun kana perhatosanana, neda tawakup tina saniskanten kakiranganana.

Wassalamualaikum wrwb.

 

Sumber Bacaan:

R.H. Uton Muchtar, Ki Umbara, Modana (Bandung: PT. Mangle Panglipur, cet. katilu, 1994)

 

Penulis :

Kang Kamal


loading...
Previous
Next Post »