Lirik/rumpaka Panambih LEMBUR SINGKUR (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...
Kadang wargi anu sami mikacinta kana budaya Sunda, utamina seni sunda Cianjuran, tinangtos ngaraos yen buku sareng naskah anu tumali sareng tembang Sunda kacida langkina.

Ku hal sakaitu, dulur-dulur anu mikadeudeuh kana budaya sunda tembang cianjuran, para juru mamaos/juru tembang atanapi saha bae, saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. 

Nu dipalar teu aya sanes nyaeta pikeun ngarumat sinareng ngamumule budaya karuhun urang, budaya sunda nu utama, anu warsih ayeuna atra geus mimiti kadeseh ku budaya deungeun. 

mugia catetan ieu sasieureun sabeunyereun tiasa ngahudang rasa geusan leuwih mikacinta malah mandar tiasa nepakeun ka generasi urang jaman ayeuna. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo balarea. 

*LEMBUR SINGKUR

Tuh itu lembur nu singkur
lebakeun pasir nu suni
anu ngayapak di handap
Paranti nyirnakeun pikir
ngabangbrangkeun kabingbangan
niiskeun panasna ati

... gelenyu …

Lembur singkur sisi gunung
tempat ngancik nu gumati
someah nyaah ka semah
Sepi ti rasa kumaki
Padusunan padepokan
tempat kuring niis pikir

**

Di lembur jauh nu singkur
padusunan tempat kuring
teu aya aing-aingan
gemah ripah repeh rapih
tiis dingin paripurna
tebih ti hiri pangdengki

… gelenyu …

Lembur tempat kuring matuh
tempat ngancik nu saati
saaleutan sauyunan
rame gawe sepi pambrih
gotong royong babarengan
sabilulungan ngahiji

Lagu/rumpaka:
Bapa Bakang A.




Sumber:
Sobirin. 1987. Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog. Bandung. hal. 58

loading...
Previous
Next Post »