Lirik/rumpaka Mamaos PANCANITI (DANGDANGGULA) - tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling

Sampurasun ...
Kasugri anu mikadeudeuh kana budaya sunda ; tembang cianjuran, utamina para juru mamaos/juru tembang; saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo ngajengkeun budaya sunda.

*Pancaniti (Dangdanggula)*

Pajajaran tilas Siliwangi
wawangina kasilih jenengan
batu tulis nu kantun
kantun liwung jaradi pikir
mikir tulisan nana
henteu surud liwung
teuteuleuman kokojayan
diciliwung nunjang ngidul Siliwangi
nuus dipamoyanan

Reg ngarandeg lebah gunung putri
lemah duhur dayeuh pancatengah
direret ngabengbreng koneng
gunung cupu ngariung
siga anu keur badami
karawang sagala herang
molongpong ka Bandung
burangrang nu ngarangrangan
parahuna, nangkub dugi ka kiwari
teu jadi lalayaran.
sumber : google.com

Lagu/Rumpaka :
Dalem Pancaniti Cianjur

sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro

Disusun ku Sobirin. 

loading...
Previous
Next Post »