Lirik/rumpaka Mamaos RAJA MANTRI (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...
Kasugri anu mikadeudeuh kana budaya sunda ; tembang cianjuran, utamina para juru mamaos/juru tembang; saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo ngajengkeun budaya sunda.

*Raja Mantri*
Puyuh ngungkung ti janari
dina akar kibangbayang
(geuning mana)
macokan buah kanyere
kokocoran pamandian
pupudunan batu nunggal
(enggeus)
kahieuman daun sembung
caang bulan samar-samar (2x)

Giri lungsi ka Cimahi
babang leupang ka Ciheulang
(geuning mana)
nyukcruk purug ka Cicurug
salah jalan ka Sinagar
mun salah nya lalampahan
(enggeus Raden)
awak ruksak banda beak
ajur lebur tutumpuran (2x)

lagu/rumpaka :
N.N.


sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog

Disusun ku Sobirin. 
loading...
Previous
Next Post »