Lenyepaneun : NYUKCRUK GALUR MAPAY TAPAK TABE’AT








 Nalika piwulang dipidangkeun ka hiji jalmi sering pisan sumping dina dirina salah sawios kasadaran anu ngadadak, nanging nalika kaluar tina salah sawios majlis manahna mulih deui teuas sareng kawas batu.

Manga urang lenyepan naon sababna bet sok kitu, urang iker-iker, urang kira-kira, urang raraoskeun, kintena dina kaseuseueuran manusa kacida benten-benten kaayaanana dina nalika ngupingkeun piwulang sareng wejangan.

Ari piwulang lir ibarat pecut, nalika hiji jalmi nuju dipecutan ku eta pecut mani karaos pisan nyerina. Ari anu sanesna anu nuju ngupingkeun piwulang nuju dina kaayaan sae sareng seger, anjeuna leupas tina beungkeutan dunya. Anjeuna calik nyumpingkeun manahna. Nanging nalika mulih deui direpotkeun ku dunya, panyawat lamina mulih deui. Kumaha kintena anjeuna tiasa mulih deui sapertos nalika nampi piwulang?

Kaayaan sapertos kitu baris tumiba ka saban jalmi, mung wae aranjeuna anu kagungan kasadaran anu kiat anu tiasa ngungkulan pangarauh-pangaruh dunya kasebat. Aya anu ngagaduhan tekad anu kiat nganggo tetep pageuh nyepeng kana tetekon anu parantos dijantenkeun kayakinan ku anjeuna, lajeng anjeuna mapah bari teu luak-lieuk deui. Anjeuna bakal baruntak nalika perilakuna teu saluyu sareng tabe’at dirina.

Aya oge anu kadangkala kagugusur ka katalobehan akibat pangaruh tabe’at dirina, nanging dina waktos anu sami piwulang eta masih mangaruhan dirina kanggo midamel amal. Aranjeuna sapertos dahan-dahan tatangkalan anu katiup angin.
Aya oge sagolongan jalmi anu teu kapangaruhan naon-naon mung saukur nguping, aranjeuna sapertos batu anu ajeg calik teu galideur.

Ari gogoda dunya kacida rupi-rupina, aya gogoda anu sumpingna ti lebet dirina, kanggo anjeuna mah urusan akherat nyaeta salah sawios anu aya di luar tabe’atna, katambih-tambih akherat mah urusan eta urusan ghoib. Jalmi anu teu kagungan elmu ngagaduhan panyangki akherat langkung ngagaduhan panarik anu ageung batan panarikan dunya, dina nalika anjeuna ngupingkeun piwulang sareng piwejang sareng ancaman anu sumpingna tina Al-Quran. Ari saleresna mah teu kitu.

Ari condongna manusa ka dunya eta sapertos cai anu ngocor, anu teras ngocor salamina milari tempat anu handap. Kanggo ngangkatna ka luhur diperyogikeun tanagi anu kacida ageungna. Kumargi kitu syare’at ngiatkeunana ku bewara pikabingaheun sareng ku ancaman anu tiasa nyeukeutan akal. Ari metotna tabe’at manusa rupi-rupi. Teu aneh lamun urang sadayana sok unggul dina tarung ngalawan pametot  anu teu urup, ngan kacida anehna lamun urang serah bongkokan ngalawan panarik dunya.


Sumber dicutat tina :
Koran Siap Belajar ; Media Pelajar, Mahasiswa, Guru dan Keluarga.
Edisi 47 / 25 Nopember – 01 Desember / II / 2015
loading...
Previous
Next Post »