MARHABAN YA RAMADHAN Paparikan Sunda

MARHABAN YA RAMADHAN
Bagéa Sumping Sasih Romadon 1441 H.
Foto by Hodimudin
PAPARIKAN

Buku ragrag tina laci
Kana karung diwadahan
Hayu papag bulan Suci
Dibarung ku kabingahan

Ti nyangkokot waktu Isya
Anu milu ngan opatan
Diri lamokot ku dosa
Gura-giru prak tobatan

Rék ka sawah ngala paré
Bari metis jambu ngora
Poma ulah dimomoré
Gusti baris ngahampura

Ngahaturkeun neda tawakup sanés kanten kalepatan, wilujeng ngalaksanakeun ibadah saum 1441 H.

Mugi urang dipaparin kaséhatan, ditebihkeun tina balai, diparekkeun rizki, sareng dipaparin kakiatan geusan ngalaksanakeun amaliah Romadon taun ieu. Mugi sanés kanten ibadah urang aya dina ridlo Allah swt. dibarung ku magfiroh-Na. Aamiin.

Kemis, 29 Rewah 1441 H./ 23 April 2020
ᮊᮀᮊᮙᮜ᮪ 
loading...
Previous
Next Post »