Lirik/rumpaka Panambih PUPUNDEN ATI (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...

Kasugri anu mikacinta kana budaya Sunda, tinangtos ngaraos yen buku sareng naskah anu tumali sareng tembang Sunda kacida langkina.
Ku hal sakaitu, dulur-dulur anu mikadeudeuh kana budaya sunda tembang cianjuran, para juru mamaos/juru tembang atanapi saha bae, saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. Nu dipalar teu aya sanes nyaeta pikeun ngamumule budaya karuhun urang, budaya sunda nu utama, anu warsih ayeuna geus mimiti kadeseh ku budaya deungeun. mugia catetan ieu sasieureun sabeunyereun tiasa ngahudang rasa geusan leuwih mikacinta malah mandar tiasa nepakeun ka generasi urang jaman ayeuna. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo balarea. 

*Pupunden Ati

Duh Anak ibu
nu geulis pupunden ati
geus bisa ulin
geus capetang jeung ngopepang
teu weleh deudeuh
najan bangor toloheor
tambah kanyaah
sarengkak saparipolah

*
Duh anak ibu
nu geulis pupunden ati
ibu ngahariring
lain hariring birahi
duh bari nembang
lain perbawa asmara
dieyong-eyong
lain ngeyong teu sabongbrong.

Lagu/rumpaka:
Ibu Saodah H.

Dok. 3 April 2016, LS. Panji Mukti Suryalaya - Tasikmalaya


Sumber:
Sobirin. 1987. Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog. Bandung. hal. 82
loading...
Previous
Next Post »