Lirik/rumpaka Panambih DEGUNG PANINGRON (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...
Kasugri anu mikadeudeuh kana budaya sunda ; tembang cianjuran, utamina para juru mamaos/juru tembang; saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo ngajengkeun budaya sunda.
*DEGUNG PANINGRON*

Bisa kadahar amisna
Kataruk ranggeuyan nana
Kapipit sari amisna, cangkang katut
Cangkang katut jeung eusina
…. gelenyu ….
Nyata buah pancasila
Dasar ageman nagara
Nu ngagem harti utama
Geura petik nu alusna

Jaman Sunda kaemasan
Ratu Sunda Papajaran
Kabudayan kasenian
Jadi benteng,
Jadi bentengna pakuan
…. Gelenyu ….
Kiwari cunduk waktuna
ayeuna datang mangsana
geus jadi ra’yat merdeka
sing jadi Sunda sawawa.

Lagu/rumpaka : N.N.


sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog

Disusun ku Sobirin. 
loading...
Previous
Next Post »