Lirik/rumpaka Panambih GANDRUNG GUNUNG (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling)

Sampurasun ...
Kasugri anu mikadeudeuh kana budaya sunda ; tembang cianjuran, utamina para juru mamaos/juru tembang; saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu. Mugi-mugi bae aya guna sareng mangpaatna kanggo ngajengkeun budaya sunda.

*Gandrung Gunung (Panambih)

Gamparan kumaha damang
abdi mah pangesto diri
raga mah jagjag waringkas
mung hate nuju prihatin
awit anu jadi margi
gamparan sok ngabibingung
......................gelenyu .....................
cacakan lamun gamparan
ka abdi teu udar jangji
abdi lara gamparan lantaran mana

Tetela pisan bohongna
adat anu ngambil ati
kapan enggeus bukti pisan
gamparan sok lanca linci
......................gelenyu .....................
ku abdi ge geus kajudi
yen manah gamparan palsu
majar bade sayaktosna
miasih ka diri abdi
asih soteh samemeh aya gentosna



lagu/rumpaka :
Bu Emeh Salamah/Barmara
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »