KALIMAH SALANCAR (Basa Sunda)




Kalimah salancar nyaeta kalimah anu diwangun ku jejer (J) jeung hiji Caritaan (C).
Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyek, hiji atawa leuwih ( O + ), ieu kaasup kana kalimah salancar basajan.
Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana kalimah salancar jembar.
Perhatikeun conto kalimah salancar di handap ieu :
No
Kalimah
Salancar
Pola
Conto
a.
Basajan
J C (O+)
1)    Kuring   /     dahar



   J       +        C



2)    Habibie   /   marentah    /  nagara



            J        +           C            +      O
b.
Jembar
(K+) J  C  (O+)  (K+)
1)     Kuring   /   dahar    / di kebon



            J      +        C              + K



2)     Habibie   /   marentah    /  nagara  / sataun lilana



            J         +           C          +        O       +          K



3)     Ti taun 1998  /   habibie  / marentah  / nagara



                K           +          J       +         C        +      O



4)     Ti taun 1998 /  habibie / marentah / nagara / sataun lilana



                K         +          J       +        C        +      O      +          K

Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta:
1.    Katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
2.    katerangan tempat:
o maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
o maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
3.    katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
4.    katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
5.    katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
6.    katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
7.    katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.


Sumber : dicutat tina Buku LKS Basa Sunda kelas VII semester Ganjil TP. 2015/2016
loading...
Previous
Next Post »

2 komentar

Write komentar