Lirik/rumpaka JEMPLANG PANGANTEN (Tembang Sunda Cianjuran Kacapi Suling) Godebag

JEMPLANG PANGANTEN

Nyukeruk parung meulah bantar
birit leuwi peupeuntasan
birit leuwi peupeuntasan

Da taya kabeurat ati
lintang salira anjeuna
nu jadi kaabot hate
asih sanes pupulasan
sugan teh moal sulaya
teu sangka (mah ceunah geuning jangkung)
sacongo rambut
kieu kajadiannana
kieu kajadiannana

Kacapiring meulit kopi
dukuh pacampur jeung nangka
awi heuleut jeung kebon teh
cai ngabongkar galengan
galengan cikahunjuran
kole (mah cenah geuning jangkung)
patumpang jeung tisuk
harumpay leuleus diseupan
harumpay leuleus diseupan.

lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog
Disusun ku Sobirin.



loading...
Previous
Next Post »