Lirik/rumpaka JEMPLANG KARANG (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling) Godebag

JEMPLANG KARANG

Malati ngajakan seuri
kembang wera ngera-ngera
kembang ros nusok tumaros
kamana ari dunungan
dunungan anu miheman
sasari mah sok ngalantung
kasim abdi ngalanglangan

Ngulinting di jero pikir
ngolebat di jero soca
hate teu daekeun paler
hariwang rea kamelang
baluas mikiran bingbang
tungtungna abdi teh bingung
bingbang teh kieu rasana.

lagu/rumpaka : Mang Endoh
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog
Disusun ku Sobirin.


loading...
Previous
Next Post »