Lirik/rumpaka JEMPLANG CIDADAP (Tembang Sunda Cianjuran Kacapi Suling) Godebag

JEMPLANG CIDADAP

Alap-alap nyorang tuna
mun kaya kieu mah diri
samar mendak kasenangan
nu puguh jadi panyakit
dirungsing ku ati pusing
digugulung ku kabingung
sok bingbang (mah lah tobat geuning jangkung)
ku kasauran
saeutik matak berewit
ngahudangkeun tumpukan
gunung sungkawa

Sok hayang aya nu bela
anu nyait kana diri
anu nyaah saestuna
anu sapikir jeung abdi
na matak naon mun manggih
paneda abdi dikabul
resep temen (cenah geuning jangkung)
mun sasarengan
geus moal sulaya deui
wantun sumpah
narah papisah.


lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »