Lirik/rumpaka Panambih JANGJI ASIH (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling) Godebag

*JANGJI ASIH*

Dina mumunggang geulis
carita urang munggaran
nyawang Bandung nu alum keur halimunan
ngagalindeng eulis kamelang urang duaan
jangji asih subaya silih belaan

ukur impian keur urang duaan
Bandung siga ngagupayan

lebah mumunggang geuning
harita diri nyorangan
ngalongkewang nogencang ambon sorangan
moal mungpang geuning mun kapaksa pileuleuyan
teu kasawang biheung tepang nu lamunan

ukur impian nu tanpa wekasan
pileuleuyan panungtungan.


lagu/rumpaka : Bapak Apung S.W.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.



loading...
Previous
Next Post »