Lirik/rumpaka Mamaos SINOM SETRA (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling) Godebag

*Sinom Setra*
Abdi mo weleh neneda
ka Gusti Nu Maha Suci
Sugan bae tinekanan
nu dilamun siang wengi
laksana nu dipiati
piraku henteu dikabul
nanaon wagelan nana
miwelas ka diri abdi
abdi ampun teu kiat nandangan nana

Asa honcewang hariwang
inggis batan maut hinis
lewang teu aya bangsana
sok sieun di api lain
hate teh jadi jumerit
kasaha nya neda tulung
milarian pamuntangan
pigeusaneun abdi ngeumbing
nu dipalar ku hayang dipirosea.


lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »