Lirik/rumpaka Kulu-Kulu Barat (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling) Godebag

*Kulu-kulu Barat*

Bungbulang dina kelewih
pacar tere kaanginan
suuk melentung di kebon
akar pandan diruasan
bubuk piring pakauman'
bendungan di pinggir situ
peusing saha dipenjara.

Jungjunan teu geura mulih'
bilih tereh kauninga
bilih kabendon yang manon
ulah waka luluasan
sing emut kana hukuman
ulah pundungan ku sakitu
sing nyaah kana salira.

lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »