Lirik/rumpaka Kapati-pati (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling) Godebag

*Kapati-pati*

Hayang ceurik jejeritan
ngajerit maratan langit
cua ku lampah sorangan
sok hayang nu lain tanding
sakapeung abdi sok mikir
hayang gaduh elmu ngapung
sipengkuh tangtuna tiwas
dijingjing diguwang-gawing
rek di teudeun dina mega pangluhurna

Teu sangka jiwa teu sangka
bakal pinanggih kanyeri
boro abdi seseepan
babakti satia abdi
bawaning hoyong katampi
dianggo panglipur kalbu
reh parantos kanyataan
mikawelas mikaasih
sihoreng teh henteu terus sareng mamah.

lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.



loading...
Previous
Next Post »