Lirik/rumpaka Udan Mas (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling) Godebag

*UDAN MAS*

Kukupu tilu kulawu
harimumu hideung deui
cat mancat ka bale pulang
ngait mayang ku kareumbi
badoang manuk badoang
eunteup dina paku haji

Jung nangtung asa lalanjung
gek diuk asa tiguling
leumpang asa ngalongkewang
pipikiran selang seling
sukma na manglayang-layang
tayoh aya nu di lingling

Gulampo ngambang di sumur
hanjakal keur gede cai
pisin pabaur jeung pinggan
melak pare jadi kitri
tangkal jeruk parumpungan
dianggo ngayang japati.

lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »