Lirik/rumpaka Goyong (Tembang Sunda Cianjuran Kacapi Suling)

GOYONG

Najan kudu dibeuli kupati
Digantian ku raga jeung nyawa
Moal owel hamo koret
Umur mangga kahatur
Asal tetep bareng ngahiji
Jeung anu dipicinta
Bisa runtut raut
Upami kedah paturay
Langkung sae ikhlas nemahan pati
Istuning suka pisan

Laut kidul kabeh katingali
Ngembat paul kawas dina gambar
Ari ret ka tebeh kaler
Jakarta ngarunggunuk
Lautna mah teu katingali
Ukur lebah-lebahna
Semu semu biru
Ari ret ka kaler wetan
Gunung Gede ngadingding ngajakan balik
meh bae kapiuhan


lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog
Disusun ku Sobirin.

loading...
Previous
Next Post »