HUKUM MAD DAN PEMBAGIANNYA (Bahasa Sunda)


Mad ceuk lugot nyaeta :  الْمَطُّ وَقِيْـلَ الزِّيَـادَةُ
Hartosna : Kadar-kadar panjang.
Mad ceuk istilah nyaeta : اِطَالَةُ الصَّـوْتِ بِالْحَرْفِ الْمَمْدُوْدِ
Hartosna : Manjangkeun sora dina huruf anu dibarisan, boh baris fatah,  kasroh, jeung domah.
Ari asalna huruf nu kudu dipanjangkeun aya tilu, dikumpulkeun dina lafad وَايٍ  (و ا ي)
Huruf anu tilu bisa jadi huruf mad, syaratna :
§       Wau na kudu paeh sabada domah / pees
§       Ya na kudu paeh sabada kasroh / jeer
§       Alif na kudu paeh sabada fatah / jabar
Qoidah huruf mad aya tilu ;
حُـرُوْفُهُ ثَلاَثَـةٌ فَعِيْـهَا # مِنْ لَفْظٍ وَايٍ وَهِيَ فَىْ نُوْحِـيْهَا
Huruf mad aya tilu sadayana # dina lafad wayin dikumpulkeunana
وَالْكَسْرُ قَبْلَ الَـيَاءِْ وَقَبْلَ الْوَاوِضَمْ # شَرْطٌ وَفَتْحٌ قَبْلَ اَلِفٍْ يُلْتَزَمْ
Wau iya paeh jeer nu maehna # alif ku jabar sarat huruf emadna
Mad kabagi kana dua bagian, nyaeta mad asli jeung mad far’i
Qoidah mad dibagi dua bagian ;
وَالْمَدُّ اَصْلِيٌّ وَفَرْعِيٌّ لَـهُ # وَسَمِّ اَوَّلاً طَبِعِـيًّا وَهُوْ
Mad teh aya asli aya far’ina # mad asli tobi’i eta katelahna
 A.    MAD ASLI / THOBI’I
Mad asli nyaeta : الَّذِىْ لاَيَتَوَقَّفُ عَلَى سَبَبٍ مِنْ هَمْزٍ اَوْ سُكُوْنٍ 
Hartosna : Mad anu teu ngadagoan kana sabab boh hamzah atawa sukun
Patokanana :
§ Sabada huruf mad ulah aya hamzah atawa sukun.
§ Dimana-mana    wau paeh sabada domah/pees, saperti lafad       :  تُـوْ
ya paeh sabada kasroh/jeer,  saerti lafad            :  مِيْ
alif paeh sabada fatah/jabar,  saperti lafad         :  لاَ
Maka macana kudu dipanjangkeun saalif/dua harkat.  
Qoidah mad asli/tobi’i ;
مَالاَتَـوَقَّفٌ لَـهُ عَلَى سَبَبْ # وَلاَبِدُوْنِهِ الْحُـرُوْفِ تُجْتَلَبْ
Kana sabab mad asli teu ngadagoan # jeung sadayana huruf henteu narikan
بَلْ اَيُّ حَرْفٍ غَيْرِ هَمْزٍ اَوْ سُكُوْنٍ # جَاءْ بَعْدَ مَدٍّ فَالطَّبِعِيٌّ يَكُنْ
Balikta kana tobi’i kabeh huruf # salian ti hamzah jeung sukun sok terap

B.     MAD FAR’I
Mad far’i nyaeta : الَّذِى يَتَوَقَّفُ عَلَى سَبَبٍ مِنْ هَمْزٍ اَوْ سُكُوْنٍ 
Hartosna :  Mad anu ngadagoan kana sabab boh hamzah atawa sukun
Anu jadi sabab eta aya dua nyaeta : hamzah jeung sukun
Patokanana : sabada huruf mada aya hamzah atawa sukun.
Conto kusabab aya hamzah    :  جَاءَ
Conto kusabab aya sukun       :  نَسْـتَعِيْنُ
Qoidah mad far’i ;
وَاْلأَخَرُ الْفَرْعِيٌّ مَوْقُوْفٌ عَلَى # سَبَبْ كَهَمْزٍ اَوْ سُكُوْنٍ مُسْجَلاً
Mad far’i mah mikabutuh kana sabab # hamzah tawa sukun nu dipake sabab

Mad Far’i Sadayana  Aya 15, nyaeta :
1.      MAD LAIN
Hartosna mad lain nyaeta panjang tur leuleus.
Hurufna aya dua nyaeta :
Wau paeh ba’da jabar/fatah, contona       :   مِنْ خَوْفْ
Ya paeh ba’da jabar/fatah,    contona       : وَذَرُوْاالْبَيْعَ 
Ukuran panjangna sami sareng mad arid lissukun : dua-genep harkat. Ayana mad lin lamun diwaqofkeun.
Qoidah huruf lain aya dua ;
وَاللَّيْنُ مِنْهَا الْيَاءْ وَوَاوٌ سَكَنَا # اِنِ انْـفِتَاحُ قَبْلَ كُلِّ اَمْكَنَا
Huruf lin aya dua sadayana # Wau iya mun jabar anu maehna
Mad lain lamun ngaosna diwaqofkeun # panjangna teh cara mad ‘arid lissukun
2.      MAD WAJIB MUTTASHIL
Mad wajib muttashil nyaeta :  اِنْ جَاءَ هَمْزٌ بَعْدَ مَدٍّ فِى كَلِمَةٍ وَاحِدَةٍ
Hartosna : Lamun kabuktian saba’da huruf mad aya hamzah sarta dina sakalimat.
Sabab pangna disebut mad wajib muttasil :
لِـْلإِتِّصَـالِ الْهَمْزِ مَعَ حَرْفِ الْمَدِّ فِى كَلِمَةٍ وَاحِدَةٍ
Hartosna : Karna patepungna si hamzah sareng huruf mad dina sakalimah anu sahiji
Conto mad wajib muttasil : جَاءَ
Ukuran panjang mad wajib muttasil, eta beda-beda ulama ahli quro :
Ü  Menurut Imam Abu Umar, Qolun, sareng Imam Ibnu Katsir :
Panjangna ngan saalif satengah (3 harkat), malih ceuk hiji qoul mah, eta saalif saparapat  (2 satengah harkat) atawa saalif satengah.
Ü  Menurut  Syehk Al Islam Zakariya Al Anshory ;
Panjangna saalif tilu parapat sareng dua alif
Ü  Menurut Syekh ‘Ashim kalebet Imam Syekh Hafas ;
Panjangna dua alif satengah (5 harkat)

Ü  Menurut Imam Ibnu ‘Amir sareng Imam Kisa ;
Panjangna dua alif (4 harkat)
Ü  Menurut Imam Syekh Warosy sareng Imam Hamzah ;
Panjangna tilu alif (6 harkat)
Qoidah mad wajib muttasil ;
فَوَاجِبٌ اِنْ جَاءَ هَمْزٌ بَعْدَ مَدٍّ # فِى كِلْمَةٍ وَذَا بِمُتَّصِلْ يُعَدْ
Mun datang hamzah ba’da mad sakalimah # mad wajib muttasil eta moal salah
Catatan :
Dina mad wajib muttasil ieu, eta kalebetkeun kana Mahallul ittifaq wal ikhtilaf.
Ø Pangna disebut mahallul ittifaq, nyaeta :
Sabab parantos ittifak/sepakat sadayan Ahli Quro kana nambahanana hamzah leuwih tina asal.
Ø Pangna disebut mahallul ikhtilaf, nyaeta :
Sabab dina manjangkeunana beda-beda sakumaha nu tos dijelaskeun di handap.
Qoidah hukum mad aya tilu ;
لِلْمَدِّ اَحْكَامٌ ثَلاَثَـةٌ تَدُوْمْ # وَهِيَ الْوُجُوْبُ وَالْجَـوَازُ وَاللُّـزُوْمُ
Hukum mad aya tilu sadayana # mad wajib, jaiz, lazim katiluna.
3.      MAD JAIZ MUNFASHIL
Mad jaiz munfasil nyaeta :
اَنْ يَكُوْنَ حَرْفُ الْمَدِّ اخِرَالْكَلِمَةِ وَالْهَمْزُ اَوَّلَ كَلِمَةٍ اُخْرَى 
Hartosna : Kudu kabuktian huruf mad dina tungtung kalimat anu tiheula sarta hamzah aya dina awal kalimat anu sejen (nu kadua)
Conto mad jaiz munfasil : قُوْا اَنْفُسَكُمْ
Ukuran panjang mad jaiz munfasil eta tafsil ;
a.       Lamun macana gancang eta meunang saalif / 2 harkat (qosr)
b.      Lamun macana meujeuhna eta meunang dua alif / 4 harkat (tawasut)
c.       Lamun macana tartil (anca) eta meunang dua alif satengah / 5 harkat (thul)

Dina mad Jaiz Munfasil ieu, eta kalebetkeun kana Mahallul ikhtilaf
Sabab dina nambahan tina asalna beda-beda,
Ü  Menurut Syekh Warosy, Ibnu Umar, Imam ‘Ashim, Imam Hamzah sareng Imam Kisa eta tetepkeun kana qosr/saalif (2 harkat)
Ü  Menurut Syekh Qolun sareng Syekh Dury mah eta kenging dua wajah, nyaeta meunang thul sareng meunang qosr.
Qoidah mad jaiz munfasil ;
وَجَائـِزٌ مَدٌّ وَقَصْرٌ اِنْ فُصِلْ # كُلُّ بِكِلْمَةٍ وَهَذَا الْمُنْفَصِلْ
Upami aya hamzah misah kalimah # mad jaiz munfasil eta moal salah
4.      MAD ‘ARID LISSUKUN
Mad ‘arid lissukun nyaeta :
مَااِذَا كَانَ السُّكُوْنُ بَعْدَ حَرْفِ الْمَدِّ عَارِضًا لِلْوَقْفِ 
Hartosna : Dimana-mana kabuktian saba’da huruf mad aya huruf anu paeh sarta paehna anyar-anyaran kusabab diwaqofkeun.
Contona : نَسْـتَعِيْنُ
Mad ‘arid lissukun kabagi kana tilu bagian :
1)      Tingkah mansub (fatah) huruf akhirna, meunang 3 perjalanan :
a.       Qosr (saalif/2 harkat)
b.      Tawasut (dua alif / 4 harkat)
c.       Thul (tilu alif / 6 harkat)
Contona : يَعْلَمُوْنَ
2)      Tingkah majrur (kasroh) huruf akhirna, meunang 4 perjalanan :
a.       Qosr (saalif/2 harkat)
b.      Tawasut (dua alif / 4 harkat)
c.       Thul (tilu alif / 6 harkat)
d.      Qosr ma’arrum
Contona : مِنَ الْكُـفَّارِ, الرَّحِيْمِ
3)      Tingkah marfu’ (domah) huruf akhirna, meunang 7 perjalanan :
a.       Qosr (saalif/2 harkat)
b.      Tawasut (dua alif / 4 harkat)
c.       Thul (tilu alif / 6 harkat)
d.      Qosr ma’al ismam
e.       Tawasut ma’al ismam
f.       Thul ma’al ismam
g.      Qosr ma’arrum
Contona : نَسْـتَعِيْنُ
Qosr ceuk lugot nyaeta :  اَلْحَـبْسُ= kadar-kadar ngeker
Qosr ceuk istilah ilmu tajwid nyaeta :
 اِثْبَاتُ حَرْفِ الْمَدِّ مِنْ غَيْرِ زِيَادَةٍ عَلَيْـهِ
Hartosna : Netepkeun huruf mad kalawan teu nambahan tina saalif/dua harkat.
Rum nyaeta :
اْلإِتْيَـانُ بِبَعْضِ حَرْكَةِ الْوَصْلِ وَمَنْعِ التَّنْوِيْنِ مِنَ الْمُنَوَّنِ مَعَ خَفَاءِ الصَّوْتِ لِكَيْ يَسْمَعَهُ الْقَرِيْبُ مِنْكَ وَلاَ يَسْمَعَهُ الْبَعِيْدُ عَنْكَ
Hartosna :     Ngajelaskeun kana sapalihna harkat washol sareng nyegah tanwin tina anu ditanwinan, sarta nyamarkeun karna supaya kakuping eta rum kunu caket tianjeuna, sareng teu kakuping eta rum kujalmai anu jauh ti anjeuna.
Isymam nyaeta :
ضَمُّ الشَّفَتَيْنِ بُعَيْدَ اْلإِسْكَنَ اِشَارَةً عَلَى الضَّمِّ مِنْ غَيْرِ صَوْتٍ وَلاَتَنَفُسٍ وَلاَ يُدْرَكُ اِلاَّ بِالْبَصَرِ
Hartosna :     Ngumpulkeun lambe sabada nekenkeun kana huruf kalawan isyroh kana domah tina henteu nganggo sora, sareng moal katingali eta isymam kajabi kedah caket ningalina dina waktos ngaoskeun isymam.
Qoidah mad ‘arid lissukun ;
وَمِثْلُ ذَا اِنْ عَرَضَ السُّكُوْنُ # وَقْفًا كَتَعْلَمُوْنَ نَسْـتَعِيْنُ
Mad ‘arid lissukun aya huruf sukun # sabada mad sabab wakof lir ta’lamun
5.      MAD BADAL
Mad badal nyaeta :
اَنْ يَجْتَمِعَ الْمَدُّ مَعَ الْهَمْزَةِ فِى كَلِمَةٍ وَاحِدَةٍ لَكِنْ يَتَقَدَّمُ الْهَمْزُ عَلَى الْمَدِّ فِيْهَا
Hartosna :  Dimana-mana kumpul huruf mad sareng hamzah dina sakalimah tapi hamzah miheulaan tina huruf madna.
Pangna disebut mad badal sabab huruf madna jadi gaganti tina hamzah,
Contona : امَنُـوْا
Ukuran panjang mad badal eta ikhtilaf Ulama Ahli Quro ;
Ü  Menurut riwayat Imam Hafas, eta 2 harkat,
Ü  Manurut riwayat Imam Syekh Warosy, eta meunang tilu wajah ;
1)      Meunang saalif (2 harkat) yakni qosr
2)      Meunang dua alif (4 harkat) yakni tawasut
3)      Meunang 3 alif (6 harkat) yakni thul
Qoidah mad badal ;
اَوْ قُدِّمَ الْهَمْزُ عَلَى الْمَدِّ وَذَا # بَدَلْ كَامَنُـوْا وَاِيْمَانًاخُـذَا
Mun hamzah tiheula tina huruf madna # contona امَنُـوْا   mad badal ngarana
6.      MAD ‘IWAD
Mad ‘iwad nyaeta ngawaqofkeun tanwin fatah dina akhir kalimat.
Conto : لِبَاسًـا   dibacana mah  لِبَاسَـا
Ukuran panjang mad iwad, eta dua harkat
Qoidah mad iwad ;
Mad iwad mah ngawaqofkeun tanwin jabar # ayana nuntung kalimah kudu eureun
Misalna lafad عِوَجًا لِـبَاسًـا  # macana kudu عِوَجَا لِـبَاسَـا  


MAD LAZIM (7, 8, 9, 10)
Mad lazim dibagi jadi dua, nyaeta harfi jeung qilmi. Pangna disebut mad lazim harfi, nyaeta  mad lazim anu aya dina pirang-pirang huruf. Pangna disebut mad lazim qilmi, nyaeta mad anu aya dina pirang-pirang kalimat.
Tina harfi jeung qilmi dibagi deui jadi dua nyaeta mutsaqqol jeung mukhaffaf, perbedaanna :
Mutsaqqol nyaeta anu ditasydidan (diidgomkeun), patokanana :
اَنْ يَكُوْنَ بَعْدَ حَرْفِ الْمَدِّ حَـرْفٌ مُشَـدَّدُ
“Ku kabuktian sabada huruf mad kudu aya huruf anu ditasydidan”
Mokhoffaf  nyaeta anu teu ditasydidan, patokanana :
اَنْ يَكُوْنَ بَعْدَ حَرْفِ الْمَدِّ حَـرْفٌ سَـاكِنٌ
"Ku kabuktian sabada huruf mad kudu aya huruf anu sukun (paeh)"
Jadi jumlah mad lazim sadayana aya 4 (opat) :
Qoidah mad lazim dibagi opat bagian :
أَقْسَمُ لاَزِمٍ لَدَيْهِمْ اَرْبَعَهْ  #  وَتِلْكَ كِلْمِيٌّ وَحَرْفِيٌّ مَعَـهْ
Mad Lazim mungguh Quro aya opat # Lazim qilmi lazim harfi henteu lepat
كِلاَهُمَا مُخَفَّفٌ مُثَـقَّلٌ  #  فَهَذِهِ اَرْبَعَـةٌ تُفَصَّـلُ
Tina qilmi harfi tafsil duanana # mukhoffaf mutsaqqol tah opat tafsilna


7.      MAD LAZIM HARFI MUTSAQQOL
Patokanana : Dimana-mana kumpul huruf mad jeung sukun asal dina sahuruf tur diidgomkeun.
Contona : الـمّ    asalna  اَلِفْ لاَمْ مِيْم
Hurufna aya 8 (dalapan) dikumpulkeun dina lafad :
كَمْ عَسَـلْ نَقَـصْ ( ك,م,ع,س,ل,ن,ق,ص )
Qoidah Mad Lazim harfi Mutsaqqol :
وَاللاَّزِمُ الْحَرْفِيُّ اَوَّلَ السُّوَرْ # وُجُوْدُهُ وَفِي ثَمَانٍ اِنْحَصَرْ
Lazim harfi eta na mimiti surat # aya dalapan aksara tong kaliwat
يَجْمَعُهَا حُرُوْفُ كَمْ عَسَلْ نَقَصْ # وَالْعَيْنُ ذُوْ وَجْهَيْنِ وَالطُّوْلُ اَخَصْ
Nu dalapan jumlahnaكَمْ عَسَلْ نَقَصْ  # ‘ain dua wajahnu thul anu akhos
8.      MAD LAZIM HARFI MUKHOFFAF
Patokanna : Dimana-mana kumpul huruf mad jeung sukun asal dina sahuruf  tur henteu diidgomkeun.
Contona : ن, ق asalna قَافْ , نُوْنْ
Hurufna sami sareng mad lazim harfi mutsaqqol.
Qoidah Mad Lazim harfi Muhkoffaf :
اَوْ فِى الثُلاَثِيِّ الْحُرُوْفِ وُجِدَا # وَمَدٌّ وَسْطُهُ فَحَرْفِيٌّ بَدَا
Tawa kumpul huruf anu bangsana tilu # Mad di tengah tah lazim harfi nu kitu
مُخَفَّفٌ كُلٌّ اِذَا لَمْ يُدْغُمَا # مِثَالُهُ نُوْنْ وَالْقَلَمِ فَاعْلَمَا
Ari ngaran mad lazim harfi mukhaffaf # Huruf mad jeung sukun asal sahuruf
9.      MAD LAZIM QILMI MUTSAQQOL
Patokanana : Dimana-mana kumpul huruf mad jeung sukun asal dina sakalimat tur make tasydid (kudu diidgomkeun).
Contona : وَلاَالضَّـالِّيْنَ, اَلصَّـاخَّةُ

Qoidah Mad lazim qilmi mutsaqqol :
فَاِنْ بِكِلْمَةٍ سُكُوْنٌ نِ اجْتَمَعْ # مَعْ حَرْفِ مَدٍّ فَهْيَ كِلْمِيٌّ وَقَعْ
Lamun kumpul sukun asal sakalimah # jeung huruf mad tah lazim qilmi teu salah
كِلاَهُمَا مُثَقَّلٌ اِنْ اُدْغِـمَا # مِثَالُهُ صَـاخَّهْ يَا اُخْتِى فَاعْلَمَا
Sarat kudu diidgomkeun dibacana # cara lafad  صَاخَّهْ kitu ceuk contona
10.  MAD LAZIM QILMI MUKHOFFAF
Patokanana : Dimana-mana kumpul huruf mad jeung sukun asal dina sakalimat tur teu make tasydid (kudu diidharkeun).
Contona : اَلانَ  asalna أَأَ ْلانَ
Qoidah Mad lazim qilmi mukhoffaf :
وَلاَزِمٌ اِذَا سُكُوْنٌ اُصِّلاَ # وَصْلاً وَوَقْفًا بَعْدَ مَدٍّ طُوِّلاً
Mad lazim mah aya sukun asalna # ba’da huruf mad washol jeung waqofna
فَاِنْ بِكِلْمَةٍ سُكُوْنٌ يُجْتَمَعْ # مَعْ حَرْفٍ مَدٍّ فَهْيَ كِلْمِيٌّ وَقَعْ
Lamun kumpul sukun asal sakalimah # jeung huruf mad tah lazim qilmi teu salah
Ukuran panjang mad lazim, boh lazim kilmi boh lazim harfi, rek mutsaqqol atawa mukhaffaf, eta panjangna meunang tilu alif (genep harkat), kajaba ع (‘ain) anu aya dina awal surat Maryam, eta mah panjangna meunang dua wajah :
a. Meunang 6 harkat,
b. Meunang 4 harkat, tapi nu leuwih utama mah anu thul (6 harkat).
Huruf bangsa tilu aksara nu aya dina awal surat nu asup kana mad lazim harfi teh eta ngandung sarat, nyaeta huruf-huruf tengahna kudu huruf mad atawa huruf lin.
v    Huruf mad anu ku “wau” aya hiji, nyaeta : ن
v    Huruf mad anu ku “alif” aya opat, nyaeta : ك ,ل ,ص ,ق
v    Huruf mad anu ku “ya” aya dua, nyaeta س ,م :  atanapi lian ti ع
Huruf anu aya dina awal surat teh teu kabeh make mad, saperti اَلِفْ (ا) teu kaasup kana mad lazim harfi, sabab alif teu tinemu kana sarat, dupi saratna teh nyaeta : huruf anu tengahna kudu huruf mad.
Jadi huruf bangsa tilu aksara dibacana nu aya dina awal surat teh aya 9 (salapan), ngan nu dalapan asup kana mad lazim harfi, ari nu hiji deui mah teu asup mad nyaeta alif.
Dina awal surat aya deui salian bangsa tilu aksara nyaeta huruf bangsa dua aksara dibacana, hurufna aya 5 (lima), nyaeta :  ر,هـ,ط,ي,ح dikumpulkeun dina lafad  حَيٌّ طَاهِـرٌ. Ieu mah kaasup kana mad thobi’i panjangna saalif/dua harkat (Kitab Tuhfatul Atfal sareng kitab Sirajul Qori’ : Tapi saupami nurutkeun dina kitab Hidayatul Mustafid eta kaasupkeun kana mad lazim kabeh).
Qoidah pangna kaasup kana mad thobi’i :
وَمَا سِوَى الْحَرْفِ الثُّلاَثِى لاَ اَلِفَ # فَمَـدُّهُ مَدًّا طَبِعِـيًا اَلِفْ
Jeung salian bangsa tilu lian alif # tah panjangna cara thobi’i saalif
وَذَاكَ اَيْضًا فِى فَوَاتِحِ السُّوَرِ # فِى لَفْظِ حَيٍّ طَاهِرٍ قَدِ انْحَصَرْ
Mad thobi’i huruf dina kawit surat # kumpul dina حَيٌّ طَاهِـرٍ mufakat.
Jadi huruf anu aya dina awal surat sadayana aya 14, nyaeta :
ك,ع,ط,ق,ن,م, ا,ر,ي,ح,س,هـ,ل,ص dikumpulkeun dina lafad
صِلْهُ سُحَيْرًا مَنْ قَطَعَكَ
Huruf anu 14 dibagi kana opat bagian, nyaeta :
  1. Kaasup kana mad lazim harfi nu panjangna tilu alif (6 harkat), hurufna 8 nu dikumpulkeun dina lafad كَمْ عَسَـلْ نَقَـصْ  lian ti  “ع
  2. Kaasup kana mad lazim harfi kabeh, ngan panjangna meunang dua wajah, nyaeta :
1). Meunang thul 3 alif (genep harkat)
2). Meunang tawasut dua alif (opat har kat)
  1. Kaasup kana mad thobi’i anu panjangna saalif (dua harkat), hurufna aya 5 nu dikumpulkeun dina lafad  حَيٌّ طَاهِـرٌ
d.      Teu kaasup kana mad lazim, teu kaasup kana mad thobi’i nyaeta alif.
Qoidah huruf nu aya dina awal surat sadayana aya 14 :
وَيَجْمَعُ الْفَوَاتِحِ اْلأَرْبَعْ عَشَرْ # صِلْهُ سُحَيْرًا مَنْ قَطَعَكْ ذَاشْـتَهَرْ
Jumlah huruf kawit surat opat belas  # صِلْهُ سُحَيْرًا مَنْ قَطَعَكْ  geus pas
11.   MAD SHILAH QOSHIROH
Mad silah qosiroh nyaeta : dimana-mana sabada ha domir teu aya hamzah qoto atawa hamzah wasol. Conto : اِنَّـه كَانَ
Ukuran panjangna saalif / 2 harkat
12.  MAD SHILAH THOWILAH
Mad silah towilah nyaeta : diman-mana sabada ha domir aya hamzah qoto.
Conto : وَلَه اَجْـرٌعَظِيْمٌ
Ukuran panjangna meunang tilu perjalanan :
1)      Qosr (saalif / 2 harkat)
2)      Tawasut (dua alif / 4 harkat)
3)      Thul (dua alif satengah / 5 harkat)
Catatan :
Disyaratkeun dina mad silah, huruf anu samemeh Ha domir ulah paeh, saperti lafad عَنْهُ kajaba dina mad mubalagoh, oge dina sabada Ha domir ulah aya huruf anu paeh, jeung ulah aya alif lam saperti lafad :
 وَلَهُ اخْتِلاَفُ اللَّيْلِ, وَلَهُ الْمُلْكُ, لَهُ السَّموَاتِ
13.  MAD FARQU
Mad farqu nyaeta mad anu misahkeun antara hamzah istifham sareng khobar.
Contona : dina Al-quran ngan aya dina opat tempat  :
  1. Dua tempat dina surat Al-an’am         : قُلْ االذَّكَـرَيْنِ
Hiji dina dua tempatanana
  1. Hiji tempat dina surat Yunus             : قُلْ االلهُ اَذِنَ لَكُمْ
  2. Hiji tempat dina surat An-Naml         :  اللهُ خَيْرٌ اَمْ مَا يُشْـرِكُوْنَ
Ukuran panjangna eta tilu alif / 6 harkat.
Pangna disebut mad farqu nyaeta kusabab eta mad misahkeun antara istifham sareng khobar, karna lamun henteu aya mad, tangtu matak disangka ayat teh lain istifham. Padahal mah eta hamzahna teh hamzah istifham.
14.  MAD TAMKIN
Mad tamkin nyaeta dimana kumpul dua huruf ya, tur ya nu kahiji dihirupan jeung ditasydidan, ya anu kadua dipaehan.
Contona :  وَالنَّبِـيِّيْنَ, حُيِّـيْتُمْ
Ukuran panjangna eta dua harkat.
Pangna disebut mad tamkin nyaeta kusabab eta sitasydidna …………….. kana eta mad.
15.  MAD TA’DZIM
Mad ta’dzim nyaeta dimana-mana aya mad dina kalimat tauhid.
Contona : لاَاِلـهَ اِلاَّاللهُ
Panjangna " لاَ " Saalif nepi ka dua alif satengah,  "اِلـهَ"  saalif, " اِلاَّاللهُ " saalif. Ceuk sapalih ulama anu dingaranan mad ta’dzim teh nyaeta sakur-sakur mad anu aya dina lam-na lafad " اللهُ ".

Sumber :
Abidin, KH. Zaenal. (1998). Al-Majmu’ Al-Fawaid fi Ilmi Tajwid. Bantul
_________. (1414 H). Pelajaran Tajwid Al-Quran. Tasikmalaya : Pesantren Miftahulhuda Cet. ke-3,
 

loading...
Previous
Next Post »