Sampurasun ...
Kasugri anu mikadeudeuh kana budaya sunda ; tembang cianjuran, utamina
para juru mamaos/juru tembang; saupami meryogikeun tembang-tembang
Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu
parantos diposting di handap ieu. Mugi-mugi bae aya guna sareng
mangpaatna kanggo ngajengkeun budaya sunda.
*Gandrung Gunung (Panambih)
Gamparan kumaha damang
abdi mah pangesto diri
raga mah jagjag waringkas
mung hate nuju prihatin
awit anu jadi margi
gamparan sok ngabibingung
......................gelenyu .....................
cacakan lamun gamparan
ka abdi teu udar jangji
abdi lara gamparan lantaran mana
Tetela pisan bohongna
adat anu ngambil ati
kapan enggeus bukti pisan
gamparan sok lanca linci
......................gelenyu .....................
ku abdi ge geus kajudi
yen manah gamparan palsu
majar bade sayaktosna
miasih ka diri abdi
asih soteh samemeh aya gentosna
lagu/rumpaka :
Bu Emeh Salamah/Barmara
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar