CONTOH KONCI/RUMUS PETIKAN KACAPI (CIANJURAN) catrik

Sampurasun !
Hapunten anu kasuhun sateuacana utamina ka para ahli seni karawitan, wireh dina catetan ieu sim kuring wawantunan tulas-tulis hiji hal anu teu jeung aturan anu sakuduna (teu jeung elmuna) ngeunaan KONCI ATAWA RUMUS NGACAPI INDUNG, tangtos wae dipayunen ahli seni nu nyakola mah ieu teh kirang saluyu.
Nu janten lantaran aya na ieu tulisan, nyaeta kahiji : sim kuring nu resep kana ngacapi (nu masih keneh diajar) upami dina mirig sok kadang hilap malihan mah seueur keneh nu teu apalna. Kadua : kajurung ku rasa cinta kana kasenian sunda nu wujudna niat pikeun ngariksa tur ngalestarikeun. Ku margi kitu, anu baris dipedar dina ieu tulisan, nyaeta konci/rumus metik kacapi indung, sangkan nu resep kana ngacapi (hususna cianjuran) gampil mirig "lagu panambih" anu can apal koncina, ku cara nyonto kana catetan nu disadiakeun dina ieu blog.
Dina ieu bubuka, tangtosna ge mung ningalikeun contona wungkul. Diantawisna nyaeta petikan CATRIK sawilet & dua wilet sarta conto ngalarapkeun simbol-simbolna. Kanggo milari petikan lagu nu diperyogikeun, kantun ketik wae "Konci/Rumus Petikan Kacapi Lagu ....." (titik2 lebetan ku judul lagu nu diperyogikeun).
Conto Rumus :


CATRIK (SAWILET)
Laras   : Pelog

Mangkat : 5



Petikan            :
5 > 2*   2 > 5*


  
CATRIK (DUA WILET)
Laras   : Pelog

Mangkat : 5



Petikan            :
5+ > 2+*   2+ > 5+*

  RUMUS PETIKAN KACAPI (CIANJURAN)

LAGU : SELABINTANA
Laras   : Pelog

Mangkat : 2

Petikan           :
{2 > 5*  5 > 2*}

# 5+ > 2+*   2+ >  5+*  5+ > 2+*  2+ > 5+*  5+ > 2+*   2x


  KATERANGAN (SIMBOL) :
No
Simbol
Nama Simbol
Keterangan/Petunjuk
1
Tanda Panah Ke Kanan
Jenglongkeun
2
*
Tanda Bintang
Goongkeun
3
+
Tanda Tambah
Dua Wilet
4
#
Tanda Pagar
Langsung pindah
5
{  }
Tanda Kurung
Gelenyu/Intro






















Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih bahasana kirang merenah. mudah-mudahan aya mangpatna. Wassalam.

loading...
Previous
Next Post »

2 komentar

Write komentar
Unknown
AUTHOR
26 Oktober 2018 pukul 17.33 delete

Mani hoyong d ajar kacapi manawi aya nu kersa ngajar na ka pribados

Reply
avatar
27 Oktober 2018 pukul 05.55 delete

kantun kersa sumping kanu ahlina kang.

Reply
avatar