QOLQOLAH (Bahasa Sunda)

Qolqolah ceuk lugot nyaeta :   التَّحَرُّكُ وَاْلإِضْطِـرَابُ
hartosna : kadar-kadar barobah.
Qolqolah ceuk istilah nyaeta :
صَوْتٌ زَائِدَةٌ حَدَثَ فَى الْمَخْرَجِ بَعْدَ ضَغْطِ الْمَخْرَجِ
Hartosna : Sora leuwih anu anyar-anyaran dina sabadana tetegenan (nekenna) dina makhrojna.
Hurufna aya 5 nyeta :  ق ط ب ج د  dikumpulkeun dina lafad قُطْ بُجَدٍ
Huruf anu 5 eta bisa jadi qolqolah lamun hurufna paeh. Qolqolah kabagi dua bagian :
1.      Qolqolah Sugro
Patokanana : dimana-mana huruf qolqolah anu 5 disukunkeun tur sukunna sukun asli nu aya di tengah-tengah kalimat. maka macana ulah kacida mantulkeunana.
Contona :   يَقْطَعُوْنَ, يُطْعِمُوْنَ, مَبْعُوْثُوْنَ, يَدْخُلُوْنَ, يَجْعَلُوْنَ
2.      Qolqolah Kubro
Patokanana : dimana-mana huruf qolqolah anu lima disukunkeun tur sukunna sukun ‘aridli (anyar-anyaran) kusabab wakof, maka macana kudu kacida mantulkeunana.
Contona :   مِنْ خَلَقْ, عِنْدَ الصِّرَاطْ, شَدِيْدُ الْعِقَابِ,  فِى الْمَخْرَجْ, مِنْ مَسَدْ
Qoidah qolqolah ;
حُرُوْفُ قَلْقَلَةٍ خَمْسَةٌ اَتَتْ # اِنْ سُكِّنَتْ فِى قَطْبِ جَدٍ قَدْ ثَبَتْ
Huruf qolqolah teh lima sadayana # qut bu ja din syarat sukun tetepna
قِسْمَانِ قَلْقَلَةُ صُغْرَى كُبْرَى # ثَانِيْهِمَا فِى وَقْفٍ دُوْنَ صُغْرَى
Sugro kubro qolqolah teh kabagina # kubro dina waqof  kaayaan nana
وَبَيْنَ مَا قَلْقَلَةٌ اِنْ سُكِّنْ # وَاِنْ يَكُنْ فِى وَقْفٍ كَانَ اَبْيَنَ
Pek tengtogkeun mun paeh huruf nu lima # malah mun waqof kacida nengtogna

Sumber : 
Abidin, KH. Zaenal. (1998). Al-Majmu’ Al-Fawaid fi Ilmi Tajwid. Bantul
_________. (1414 H). Pelajaran Tajwid Al-Quran. Tasikmalaya : Pesantren Miftahulhuda Cet. ke-3,
 

loading...
Previous
Next Post »

1 komentar:

Write komentar
Unknown
AUTHOR
7 Agustus 2021 pukul 05.05 delete

Alhamdulillah semoga bermanfaat dunia-akhirat amin

Reply
avatar